Market Day Sekolah Alam Quran Nur Madani, Numuwuhkeun Jiwa Wirausaha Siswa Dibarung Kajujuran

- 17 Februari 2023, 14:03 WIB
Murid-murid Sekolah Alam Quran Nur Madani, di satengahing acara Market Day, di Kampung Tutugan, Desa Cihanjuang Rahayu, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Jumaah 17 Februari 20/ Dok. SAQ Nur Madani
Murid-murid Sekolah Alam Quran Nur Madani, di satengahing acara Market Day, di Kampung Tutugan, Desa Cihanjuang Rahayu, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Jumaah 17 Februari 20/ Dok. SAQ Nur Madani /

GALURA - Market Day di Sekolah Alam Quran Nur Madani minangka kagiatan nu meh noron dilaksanakeun.

Sekolah Alam Quran Nur Madani ngagelar Market Day teh salasahijina enggoning numuwuhkeun kamandirian.

Lian ti eta, Market Day di Sekolah Alam Quran Nur Madani ge boga maksud ngamekarkeun jiwa wirausaha dibarung kajujuran.

Baca Juga: Sistematika Naskah Pangeran Wangsakerta teu Beda jeung Karya Tulis Ilmiah Jaman Ayeu

Dina jirangan ayeuna, Market Day Sekolah Alam Quran Nur Madani lumangsung poe Jumaah, 17 Februari 2023.

Sekolah Alam Quran Nur Madani perenahna di Kampung Tutugan, Desa Cihanjuang Rahayu, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Kepala Sekolah Alam Quran Nur Madani, Ira Pitriawati STP MM, ngeceskeun, kagiatan Market Day nu digelar teh ngaubkeun sakumna siswa.

Baca Juga: Di Museum Negeri Sri Baduga Naskah Pangeran Wangsakerta Aya Opat Seri Sejarah

Anapon keur jirangan ayeuna, nu jualan dina Market Day nyaeta murid kelas 3 jeung kelas 4.
Demi nu mareulina nya parasiswa kelas sejenna, katambah paraguru katut kolot siswa.

"Barang-barang nu didagangkeun bangsaning kadaharan jeung inuman, teu ditangtukeun jenis daganganana mah. Ti mimiti balanja nyiapkeun bahan-bahan, ngolahna, tepi ka midangkeunana, estu eta kumaha parasiswa bari diaping ku kolotna atawa kulawargana," ceuk Ira Pitriawati.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x