Lamping Cikentrungan Urug, Tilu Imah Kaancam

- 16 Februari 2023, 21:00 WIB
Lamping Cikentrungan, di Lingkungan Pasapen 3 Kelurahan/Kecamatan/Kabupaten Kuningan urug *urug
Lamping Cikentrungan, di Lingkungan Pasapen 3 Kelurahan/Kecamatan/Kabupaten Kuningan urug *urug /AJUN MAHRDIN/

GALURA-Tilu imah di Lingkungan Pasapen 3 RT 7 RW 3  Kelurahan/Kecamatan/Kabupaten Kuningan, kaancam urug.


Sajaba Imah, urug ngancam  Resto Kopeci , alatan walungan Cikentrungan urug, Rebo, (15/2/2023), wanci nyedek ka magrib.

Samemehna, hujan ngecrek   ti mimiti tabuh 11.00 nepika  18.00 WIB.

Baca Juga: Di Kuningan, Tilu Gawir Urug, Aya Imah Nu Kaancam

 

Imah anu kaancam  diantarana Imah bogana Dede (53), Eman (50) imah Oman (75).

Kepala Badan Pelaksana Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, pihakna ngayakeun asesmen, ngadata  penanggulangan urug.

“Kaperyogian  darurat logistik, material bangunan. BPBD atos kordinasi sareng  pihak-pihak sanes,” ceuk Bayu***

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x