Legislator F PAN H. Tedi Supriadi: Pasualan Caah Jalan Dengdek kari Kadariaan Pihak nu Pakait

- 17 Februari 2023, 05:10 WIB
Anggota Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung H. Tedi Supriadi (kadua ti katuhu) waktu reses di GOR Sauyunan Desa Cangkuangkulon Kecamatan Dayeuhkolot Kabupaten Bandung, Rebo (14/2/2023).*
Anggota Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung H. Tedi Supriadi (kadua ti katuhu) waktu reses di GOR Sauyunan Desa Cangkuangkulon Kecamatan Dayeuhkolot Kabupaten Bandung, Rebo (14/2/2023).* /SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com).

GALURA - Pasualan caah (banjir) Jalan Dengdek di Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, dikedalkeun ku Jajat Sudrajat, warga Desa Sayati kecamatan satempat dina reses anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi PAN H. Tedi Supriadi.

"Sanaos sim kuring di Komisi A, sanès widang infrastruktur nu di Komisi C  sareng reses di Desa Cangkuang Kulon, Kecamatan Dayeuhkolot, tapi da masih sadapil, Dapil 2. Mugia ieu tèh janten  tren positif, " ceuk Tedi ka Galura satutas reses di hiji GOR di Desa Cangkulon, Rebo (15/2/2023).

Tedi boga pamanggih, ngeunaan caah Jalan Dèngdèk nu mingkin parah, pasualanana mah kari kumaha kadariaan pamangku kapentingan jeung pihak-pihak nu pakait.

Pasualan lintas kawenangan antara Provinsi Kabupaten, PUTR Provinsi/ Kabupaten, BBWS, ceuk Tedi, ngagugulung ieu mah moal manggih bongbolongan mun euweuh kadarian.***

Baca Juga: Enteh Jawa Asalna ti Jerman jeung Jepang, Mimiti Dipelakna di Kebun Raya Bogor jeung Cisurupan Garut

Baca Juga: Cek BMKG, Sing Iatna dina Usum Pancaroba, Biasana Aya Angin Lilimbungan Dibarung Hujan Gede

 

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x