GALURA - Badan Meteorologi Klimatolongi dan Geofisika (BMKG) ngebrehkeun yen Indonesia rek asup ka usum pancaroba, samemeh asup ka usum halodo, Juni nu bakal datang.
Ku sabab biasana dina usum pancaroba sok aya kajadian alam nu teu disangka-lsangka, BMKG miharep sakumna warga sing iatna.
Kajadian alam nu cek BMKG sok remen mucunghul dina musim pancaroba teh antarana angin lilimbungan atawa puting beliung, hujan ngagebret nu durasina sakeudeung tapi ngabahayakeun.
Baca Juga: Pemkab Garut Taki-Taki Nyanghareupan Musibah Alam, Antisipasi Embaran ti BMKG, KemenPURR jeung BIG
Baca Juga: Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik
Eta hal teh ditepikeun ku Kepaka BMKG Dwikorita Karnawati di Jakarta, sawatara poe katukang.
Nurutkeun inyana, dina Maret, April, Mei 2023 nu bakal datang, sawatara wewengkon di Pulau Jawa, Bali jeung Nusa Tenggara ditaksir asup ke periode transisi nu ngalantarankeun pancaroba, samemeh asup ka usum halogo Juni nu bakal datang.
Tah dina mangsa eta biasana aya fenoma cuaca ekstrim.
Baca Juga: Dongeng Jurig di Pakampungan Tatar Sunda Ayeuna mah Geus Langka