"Urang kedah waspada mayunan eta cuaca ekstrim," pokna.
Patali jeung hujan nu samemehna terus ngegeyer wilayah Indonesia kaasup Jawa Barat, nurutkeun BMKG, ayeuna geus mimiti ngurangan bareng jeung ngajauhanna La Nina ti Indonesia.
Cenah, nguranganna pangaruh La Nina teh katingali tina suhu dina beungeut laut di Samudra Pasifik bagean tengah jeung wetan.
Baca Juga: Wayang Golek Diciptakeun ku Sunan Kudus, Populer di Sunda
Alatan eta, kerepna hujan mimiti ngurangan.
Ngan najan kitu, masarakat mah dipiharep tetep waspada, sabab sanggeus usum hujan eureun pikeun asup ka halodo, biasana aya heula musim pancaroba. ***