Tarekah Nyinglar Pacengkadan Dina Pemilu 2024

- 15 Februari 2023, 17:30 WIB
DR.H. Budi Alimudin, M.Si., jadi panyatur dina  sosialisasi anu diayakeun ku Bawaslu Kabupaten Kuningan, di Hotel Horison Tirta Sanita, Salasa, (14/2/2023).*
DR.H. Budi Alimudin, M.Si., jadi panyatur dina sosialisasi anu diayakeun ku Bawaslu Kabupaten Kuningan, di Hotel Horison Tirta Sanita, Salasa, (14/2/2023).* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Pemilihan Umum (Pemilu) presiden-wakil presiden, DPR, jeung DPD geus ditangtukeun waktuna nyaeta 14 Pebruari 2024.

Para penyelenggara pemilu, kawas KPU jeung Bawaslu ti beh ditu mula geus tatan-tatan pikeun ngalaksanakeun pamungutan sora dumasar jadwal geus ditangtukeun.

Masarakat miboga peran dina ngarojong ku cara ngabantu penyelenggara pemilu, KPU jeung Bawaslu.

Baca Juga: 840 PPS Dilantik jeung Disumpah, Ketua KPU Kabupaten Bandung: Siap Ngalaksanakeun Pemilu

Ceuk DR. H. Budi Alimudin, M.Si., Kepala Kesatuan Bangsa dan Politik (Kesbangpol) Kabupaten Kuningan, masarakat bisa ngadeudeul pancen nu dilakonan ku Bawaslu.

Masarakat bisa milu aktif dina nyinglar pasualan nu matak riweuh atawa potensi karawanan nu ngaganggu kalumangsungan pemilu.

Baca Juga: Dipingpin Kapolres Majalengkla, Rapat Koordinasi Mapag Pemilu 2024, sangkan Luber Jurdil

"Partisipasi masarakat dina pangawasan penting, teu semet jadi objek pemilu, tapi ngalakonan peran minangka subjek pemilu," ceuk Budi

Budi nyarita kitu, di hareupeun peserta sosialisasi nu diayakeun ku Bawaslu Kabupaten Kuningan, di Hotel Horison Tirta Sanita, Salasa, (14/2/2023).

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x