GALURA - DPC Partai Keadilan Sejahtera (PKS) Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung nargètkeun 4 urang kader PKS lolos jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung.
Plt Ketua DPC PKS Margahayu Jujun Juanda ngarasa yakin di daerah pemilihan (Dapil) 2 PKS baris meunang 4 korsi dina Pemilu 2024 engkè satutas dina Pemilu 2019 di Dapil 2 PKS meunang 2 korsi.
"Upami ningal peta dina hasil Pemilu 2019, urang yakin ngudag 4 korsi, margi ningal peta perpolitikan ayeuna, punten-punten basana, upami ningal nu janten anggota dewan ayeuna seueur nu ngundurkeun diri, aya nu naèk ka provinsi tur aya nu mundur. Tah, ti dieu sim kuring yakin pisan," ceuk Jujun.
Koncina, ceuk Jujun, mertahankeun sora nu ti heula di Dapil 2 tepi ka meunang 2 korsi.***
Baca Juga: Legislator F PAN H. Tedi Supriadi: Pasualan Caah Jalan Dengdek kari Kadariaan Pihak nu Pakait