Barudak PAUD Permata Hanjuang Diajar Nyieun Pizza, Ngalatih Kamotekaran Budak

- 16 Februari 2023, 16:00 WIB
Pikeun ngalatih kamotekaran barudak, PAUD Permata Hanjuang diajar nyieun pizza di salasahiji toko pizza di Cibabat, Kota Cimahi, Senen, 13 Februari 2023/ Dok. PAUD Permata Hanjuang
Pikeun ngalatih kamotekaran barudak, PAUD Permata Hanjuang diajar nyieun pizza di salasahiji toko pizza di Cibabat, Kota Cimahi, Senen, 13 Februari 2023/ Dok. PAUD Permata Hanjuang /

 

GALURA – Kelompok Pendidikan Anak Usia Dini atawa PAUD Permata Hanjuang ngayakeun kagiatan diajar nyieun pizza di salasahiji toko pizza di Cibabat, Kota Cimahi, Senen, 13 Februari 2023.

Harita, barudak PAUD Permata Hanjuang nu milu kagiatan diajar nyieun pizza teh aya 18 urang.

Lian ti bari rekreasi, kagiatan diajar nyieun pizza PAUD Permata Hanjuang teh enggoning ngalatih tur numuwuhkeun kamotekaran barudak.

Baca Juga: Cek BMKG, Sing Iatna dina Usum Pancaroba, Biasana Aya Angin Lilimbungan Dibarung Hujan Gede

Baca Juga: Persib Bandung Kudu Nguniang Hudang Deui, DAVID DA SILVA : Sing Yakin kana Kamampuh !

Baca Juga: Carita Jurig dina Sastra Sunda, Ditaratas ku Moh Ambri, Sastrawan Sunda Klasik

Di sagedengeun pangajaran sakumaha ilaharna, PAUD Permata Hanjuang ge kalawan noron sok ngayakeun kagiatan pangajaran di luareun kelas, ngadongdon ka tempat-tempat nu dipiharep mampuh ngamekarkeun kaparigelan barudak.

PAUD Permata Hanjuang teh ayana di Kompleks Bumi Hanjuang RW 11, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, tur dina binaan PKK RW.

Ketua PKK RW 11 Desa Cihanjuang, Hj. Anie Mulyani, ngeceskeun, program PAUD teh kalintang pentingna dina proses kamekaran budak.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x