LDKS SMPN 1 Waled Dibekelan Materi Kadisiplinan ti Kodim 0620 Kabupaten Cirebon

- 13 Februari 2023, 14:30 WIB
Personil Kodim 0620 Kabupaten Cirebon ngadadarkeun materi kadisiplinan dina LDKS SMPN 1 Waled, di Aula GSG Jatimanunggal Kodim 0620 Kabupaten Cirebon, Jl. Fatahillah, Sumber, Kabupaten Cirebon/ Dok. Pendam III/Slw
Personil Kodim 0620 Kabupaten Cirebon ngadadarkeun materi kadisiplinan dina LDKS SMPN 1 Waled, di Aula GSG Jatimanunggal Kodim 0620 Kabupaten Cirebon, Jl. Fatahillah, Sumber, Kabupaten Cirebon/ Dok. Pendam III/Slw /

GALURA – LDKS atawa Latihan Dasar Kepemimpinan Siswa SMPN 1 Waled meunang bekel materi kadisiplinan ti parapersonil Kodim 0620 Kabupaten Cirebon.

Eta LDKS SMPN 1 Waled nu diaping ku Kodim 0620 Kabupaten Cirebon teh lumangsung salila dua poe, Saptu-Minggu, 11-12 Februari 2023.

Kalawan resmi LDKS SMPN 1 Waled digelar di Aula GSG Jatimanunggal, Kodim 0620 Kabupaten Cirebon, Jl. Fatahillah, Perbutulan, Kacamatan Sumber, Kabupaten Cirebon.

Baca Juga: Sababaraha Toko Legendaris di Kota Bandung, Boga Ajen Sajarah tur Numuwuhkeun Akulturasi Budaya

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Dandim 0620 Kabupaten Cirebon Letkol Inf Afriandy Bayu Laksono, ngeceskeun, sababaraha personil Kodim 0620/Kab. Cirebon mekelan materi pelatihan ngeunaan kadisiplinan ka para siswa peserta LDKS SMP Negeri 1 Waled.

Maranehanana nu milu LDKS teh nyaeta pangurus OSIS, MPK, katut Ekskul SMPN 1 Waled Taun 2023.

Sajeroning kitu, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Cirebon H. Ronianto, ngahaturkeun nuhun ka Dandim 620/Kab. Cirebon nu geus mekelan peserta LDKS ku materi kadisiplinan turta wawasan kabangsaan.

Baca Juga: Memeh Sidang Vonis Verdy Sambo jeung Putri Candrawathi, Aya Sterilisasi Gegana di PN Jakarta Selatan

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x