Ku Program Impresif, Lulusan SMK Pasundan Cikalongkulon Cianjur Digawe di 15 Pausahaan

30 Mei 2023, 11:42 WIB
Ngajalankeun program Impresif, Lulusan SMK Pasundan Cikalongkulon Cianjur Digawe di 15 Pausahaan . /

GALURA -Pupuhu SMK Pasundan Cikalongkulon, Ahmad Sahidin, S.PdI., MM., waktu ngawangkong jeung Galura di rohangan gawena Jalan Kiarapayung No. 19, Mekarjaya, Kecamatan Cikalongkulon, Cianjur, nyebutkeun siswa didikna kudu jadi generasi Impresif.

Ceuk Ahmad Sahidin, Impresif teh, wancahan tina Islami, Prestasi jeung Kompetitif. “Program Impresif di SMK Pasundan Cikalongkulon teh nu jadi udagan Akang dina upaya ngatik jeung ngadidik tuluy nganteur siswa jadi manusa nu masagi katut paripurna teh,” pokna.

Lajuning laku tina program Impresif di SMK Pasundan Cikalongkulon, ceuk Ahmad Sahidin, aya opat udagan: ngawujudkeun budaya religius di lingkungan sakola, ngaronjatkeun prestasi akademik jeung non akademik.

Anu dua deui: mekelan elmu jeung kamampuhan nu rancage katut mampu hirup mandiri pikeun siswa nu teu nuluykeun sakola ka paguron luhur.

Baca Juga: LSM Penjara Cabang Majalengka Meredih Inspektorat jeung Kejari  Ngungkab Pungli di Sakola

“Husus keur nu mampu nuluykeun kuliah ka PT mah, ngabekelan kamampuhan karancagean, nyiptakeun inovasi mapakan daya saing jeung lulusan ti sakola sejen,” ceuk ieu lulusan IAIN SGD Bandung jeung STAI Siliwangi Bandung teh.

Dina seuh-seuhanna, sangkan alumni mibanda hirup pikahareupeun, hirupna teu tuluy ngaligeuh, Ahmad Sahidin dirojong ku sakumna guru, ngayakeun rukun gawe jeung 15 pausahaan.

Cindekna mah, ceuk Sahidin, saban alumni lulusan ti SMK Pasundan Cikalongkulon, rengse sakola bisa tuluy gawe di eta pausahaan. Di antarana, PT Sayap Mas Utama, Ria Busana Cianjur, Toserba Jogja Ciranjang, Ramayana Cianjur, Pegadaian Cianjur.

Pausahaan sejenna: PT Pos Indobesia Cabang Cianjur, PT Prima Indonesia, PT Alfamaret, PT Indomaret, Mandala Kompuret Cianjur, Axindo Cianjur, Istana Komputer Cianjur jeung Arrafi Komputer Cianjur.

Baca Juga: Lulusan SMK Pertiwi Kuningan Rea Nu Sukses

Sawarehna, ceuk Ahmad Sahidin, lulusanna aya nu milu program gawe ka Jepang jeung Malasyia. “Alhamdulillah, nu magang di Jepang sareng Malasyia, aya nu masih dikontrak, aya oge nu geus mulang, boga modal tina hasil gawena, tuluy muka lapangan gawe sorangan malah tepika mampu ngarekrut tanaga gawe, pikareueuseun hirupna kreatif,” pokna.

Aya dua program studi di SMK Pasundan Cikalongkulon, Cianjur, kayaning, Kompetensi Keahlian Prodi Bisnis Daring dan Pemasaran jeung Prodi Teknik Komputer dan Jaringan.

“Ari jumlah guru jeung karyawan mah aya 23 urang,” pokna. Sarana jeung prasarana kawilang lengkep, aya rohangan praktek TKJ, rohangan praktek Pemasaran, Perpustakaan, rohangan BKK keur informasi gawe di mancanagara, jeung saniskara rohangan sejenna.

Atuh, dina ekstrakurikuler, SMK Pasundan Cikalonkulon kawentar dina widang Pencasilat. “Murid akang, nu ngaranna Risma Firnanda, kaselir Juara 1 Silat sa Kabupaten Ciajur jeung Dimas Subagja, kaselir Kuara 2 Silat sa Kabupaten Cianjur,” pokna.

Baca Juga: Conto Ngalarapkeun Peribahasa Sunda dina Kalimat

Lian ti diatik kaparigelan jeung elmu agama Islam, nurutkeun Ahmad Sahidin nu ngarengsekeun Program S2 di STIMA IMMI Jakarta teh, sakumna siswa dijurung boga kamampuan dina pintonan seni budaya jeung olahraga.

“Ngeureuyeuh we, udagan nyiptakeun siswa nu rageman prestasi akademik jeung non akademik, tiasa kahontal,” pokna. Atuh, dina taun ajaran 2023/2024, pihakna narima siswa anyar saloba-lobana.*** Cecep Ks.

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler