SDN Sariwangi Ngadumaniskeun Udagan, Tarekah, Indikator, jeung Palasapah Sakola

18 Februari 2023, 14:02 WIB
Kepala SDN Sariwangi Hj. Nining Yuningsih, S.Pd, waktu nampa piagem nominasi Gerakan Literasi Sekolah (GLS) Tingkat Jawa Barat/Dok. SDN Sariwangi /

 

GALURA - Sakumaha ilaharna sakola sejenna, dina ketakna SDN Sariwangi ge mibanda udagan jeung tarekahna.

Eta udagan katut tarekah SDN Sariwangi teh dibarengan ku ngadumanisna palasapah jeung indikator sakola.

Kalawan suluk SDN Sariwangi "Bersahaja, Berprestasi, Sehat, Agamis, Harmonis dan Jaya", ieu sakola dina tarekahna teh geusan ngawujudkeun sakola nu mibanda ciri mandiri.

Baca Juga: Cek Beja, Sasak Cincin Jatinangor, Sumedang, Horor, Naha Enya?

Tangtuna, bari dilimpud ku tujuan pendidikan dasar nyaeta mondasian ku kacerdasan, pangaweruh, sikep ahlakul karimah, kaparigelan kamandirian, jangeun bekel keur ka sakola tingkat satuluyuna.

SDN Sariwangi ayana di Jalan Pangkalan, Desa Sariwangi, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, peresis peuntaseun Kantor Desa Sariwangi.

Kiwari diwengku ku 22 guru jeung 620 murid.

Baca Juga: Saban Taun Produksi Perikanan di Kabupaten Bandung ngaronjat, Bupati Umajak ka Patani Lauk Terus Rancage

Kepala SDN Sariwangi, Hj Nining Yuningsih, S.Pd, mertelakeun, tujuan pendidikan nasional antarana ngamekarkeun pirang-pirang potensi peserta didik sangkan jadi insan nu iman tur takwa, ngawasa pangaweruh, parigel, motekar, tur mandiri.

Ku kituna, dina sakur proses kagiatan pangajaran, sakumna peserta didik SDN Sariwangi dipiharep tumuwuh sikep jujur, mandiri, disiplin, sarta tanggung jawab.

"Dina ngalaksanakeun tugas jeung kawajibanana teh peserta didik dipiharep bisa ngahontal prestasi, boh akademik boh non akademikna," pokna.

Baca Juga: Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran

Tah, tarekah atawa strategina teh ku cara ngabiasakeun ka parasiswa sangkan teu weleh hirup beresih, sehat, katut ngajalankeun syariah luyu jeung agemanana.

Oge ku ngamekarkeun kalawan optimal kacerdasan peserta didik enggoning ngahontal kajayaan dibarung kamandirian sarta ahlak nu hade.

"Dina prak-prakanana tangtu wae bari usaha maheutkeun rukun gawe jeung warga sakola katut lembaga sejenna," ceuk Nining Yuningsih.

Baca Juga: Mingpin Rahayat Ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin Dianggap Ratu Adil

Di sagedengeun eta, pikeun ngahontal udagan sakola tea, di SDN Sariwangi ge sok dibiasakeun solat barjamaah, solat duha, ngabiasakeun maca du'a sapopoe, infak, jeung nu sejenna.

Kitu deuih, sakumna kagiatan intrakurikuler katut ekstrakurikuler, didasaran ku rarancang, palaksanaan, evaluasi, nu ngaubkeun sakumna warga sakola.

"Indikator hasilna teh peserta didik mibanda sikep kajujuran, mandiri, disiplin, tanggung jawab, ngawasa pangaweruh dibarung kaimanan jeung katakwaan. Prestasi peserta didik SDN Sariwangi ge dipiharep jadi matak pikareueuseun sarerea," ceuk Nining Yuningsih. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler