Saban Taun Produksi Perikanan di Kabupaten Bandung ngaronjat, Bupati Umajak ka Patani Lauk Terus Rancage

- 18 Februari 2023, 12:35 WIB
Unggal taun produksi perikanan di Kabupatem Bandung ngaronjat. Najan Kitu Bupati Bandung umajak ka paran pbudidaya lauk sangkan rancagè. (SOPANDI/ Galura Pikiran-Rakyat. com).
Unggal taun produksi perikanan di Kabupatem Bandung ngaronjat. Najan Kitu Bupati Bandung umajak ka paran pbudidaya lauk sangkan rancagè. (SOPANDI/ Galura Pikiran-Rakyat. com). /
 

GALURA- Bupati Bandung Dadang Supriatna nyebutkan, saban taun produksi perikanan di Kabupaten Bandung ngaronjat.

Ceuk Bupati Bandung produksi perikanan di Kabupaten Bandung dina  taun 2022 ngahontal 15.896 ton, undak  3,17 persen ti taun 2021. Komoditasna tèh lauk nila, lele, katut lauk  emas.

Bupati Bandung nètèlakeun ngeunaan produksi perikanan di Kabupaten Bandung dina  sarasehan  di Balai Benih Ikan Jalan Raya Ciparay-Pacet Desa Cikoneng Kecamatan Ciparay Kabupaten Bandung, Juma'ah (17/2/23).

Baca Juga: Pemkab Sumedang Ngusahakeun nu Daragang Hui Cilembu di Cadas Pangeran Ngajongko di Rest Area Tol Cisumdawu

Di Kabupatèn Bandung ceuk Dadang Supriatna aya 423 kelompok pembudidya lauk nu sumebar di 31 kecamatan kalawan jumlah rumah tangga perikanan (RTP) 7.632.

Bupati Bandung umajak  ka para pangusaha jeung para patani lauk pikeun teu reureuh inovasi ku ngamangpaatkeun teknologi jeung lahan-lahan nu can produktif.

"Tapi peupeujeuh etep mirosèa lingkungan. Simkuring ngadukung ku tarèkah nyayagikeun indukan lauk unggul sareng  binih nu saè, " ceuk Dadang Supriatna.

Bupati Dadang Supriatna miharep ka  para kepala desa dina taun 2023 ayeuna jumlah RTP ti 7.632 bisa ngaronjat 100 persen.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x