Carita Jurig dina Sastra Sunda Ditaratas ku Moh Ambri, salasaurang Sastrawan Sunda Klasik

- 18 Februari 2023, 09:19 WIB
Buku Burak Siluman jeung Munjung karya Moh Ambri. Dina sastra Sunda, Moh Ambri salasaurang sastrawan Sunda klasik nu naratas ngarang carita jurig.
Buku Burak Siluman jeung Munjung karya Moh Ambri. Dina sastra Sunda, Moh Ambri salasaurang sastrawan Sunda klasik nu naratas ngarang carita jurig. /

GALURA -Dina sastra Sunda carita jurig kawilang réa. Bisa disebut hiji “génré” mandiri lantaran mayeng ti béh ditu mula nepi ka ayeuna dijieun carita fiksi. Moh Ambri (wafat 1936), sastrawan Sunda klasik beunang disebut panaratas carita jurig dina sastra Sunda.

Moh Ambri nu mindeng disebut sastrawan Sunda klasik dina bukuna “Urang Désa” (1932) nyaritakeun tradisi kahirupan urang padésaan kana bangsa lelembat-lelembut. “Urang Desa” teh buku sastra Sunda carita jurig.

Dina bukuna nu ngabeungharan sastra Sunda, Moh Ambri, salasaurang sastrawan Sunda klasik, medar lalakon hubungan antara manusa jeung jurig. Nyegik (muja jurig bagong), ngipri (muja jurig oray), ngeték (muja jurig monyét), ngopét, ngukut kecit (tuyul), jeung rea-rea deui carita jurig.

Baca Juga: Sompral, Suaban Ngandung Gambaran Kasombongan, Kudu Disinglar, Matak Cilaka

Dina citakan kadua (1966), dihijikeun jeung carita “Burak Siluman” dijudulan “Munjung”. “Burak Siluman” nyaritakeun Nyi Asmanah, mojang geulis urang padésaan Pangaléngan, nu kapéngpéongan ku Arjuna, tadina tas lalajo wayang.

Mindeng ngalamun jadi pamajikan Arjuna. Nepi ka hiji peuting, ngoréjat ngadéngé sora goong ngungkung di kajauhan. Nyi Asmanah indit nuturkeun sora goong. Ahirna kasarung ka panonoban siluman. Terus dikawin ku Raja Siluman.

Ambri ogé narjamahkeun carita jurig ti India “Pusaka Ratu Teluh” (1934) jeung nyadur carita misteri “Ngawadalkeun Nyawa” (1935). Tapak lacak Ambri, diteruskeun ku Ki Umbara (1918-2004).

Ki Umbara nulis buku kumpulan carpon “Diwadalkeun ka Siluman” (1976), “ Jurig Gedong Peteng” (2000), jeung sajabana.

Ka béh dieunakeun, réa pangarang Sunda entragan anyar, nu rajin nulis carpon jurig atawa carita misteri make latar kasang milénial. Cirining carita jurig diparake keneh dina sastra Sunda.*** H.Usep Romli

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x