Pa Psssst Kawenehan Calik dina Korsi Empuk Wakil Rakyat

- 12 Februari 2023, 11:00 WIB
Gedong DPRD Jabar. Dina Pemilu 1999, rea nu kawenehan jadi wakil rakyat ti partey anyar.
Gedong DPRD Jabar. Dina Pemilu 1999, rea nu kawenehan jadi wakil rakyat ti partey anyar. /

 

GALURA -Kecap kawenehan henteu ukur larap kana téténjoan atawa dédéngéan nu sarwa goib. Tapi bisa dipaké keur nuduhkeun nu meunang kauntungan nu teu disangka sangka, upamana jeneng wakil rakyat.

Lain ukur jadi wakil rakyat nu sok dilarapkeun dina kecap kawenehan teh. Upamana baé, Jang Adun sakeudeung rek kawin, duit keur ipekah jeung sagala rupana kurang keneh, bet kawenehan meunang proyek ngawangun imah nu teu disangka sangka memehna. Atuh keur waragad kawin teh leuwih ti cukup.

Sakapeung kecap kawénéhan sok disurupkeun kana babasan aya jurig tumpak kuda. Milik nu teu disangka sangka, tadi tea saperti jadi wakil rakyat jeung meunang proyek.

Baca Juga: Di Leuweung Sancang Kawenehen keneh Maung Kajajaden

Dina Pemilu taun 1999, nu dianggap demokratis, béda ti Pemilu 1971-1997 jaman Orde Baru, Pa Ahur nyalon ti hiji partéy anyar. Pa Ahur kawenehan aya jurig tumpak kuda, kapilih jadi anggota DPRD, jadi wakil rakyat.

Pa Ahur pindah profesi, ti buruan pasar, sapopoe ngeusian bénsin gas ka gedong déwan. Unggal sidang rada ramé hoghag, Pa Ahur tukang nyapih.

Cukup ku ngaluarkeun sora “pssst, pssst”  kawas sora gas tina botol kana korek gas, nu ribut langsung jempé. Nu matak, kapaké ku partéyna nepi ka dua rintakan. Salila jeneng, Pa Ahur katelah “Pa Psssst”.

Kecap kawenehan asal tina kecap wénéh. Dina Kamus Sunda R.A. Danadibrata (2006), diterangkeun, kawénéhan téh, nénjo atawa ngadéngé kajadian pikahémengeun. Ajaib.

Mimindengna dipatalikeun jeung nu goib-goib. Bangsa jurig nyiliwuri, setan mindarupa.Boh ukur ngolébat atawa nyora teu puguh ti mana-manana , boh ngajanggélék.Ngajirim. Dina basa Indonésia geus prah disebut “penampakan”.***Usép Romli H.M.

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x