Ngajarkeun Kamandirian, Siswa SDIT Persis Tarogong Garut Ngalaksanakeun 'Edu Staycation' di Nangewer

1 Februari 2023, 14:30 WIB
Dina raraga ngajarkeun karakter mandiri ka siswa, SDIT Persis Tarogong, Garut ngayakeun hiji acara di Kampung Nangewer Desa Sukamurni, Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut/Galura/Aam PS /

GALURA -  Dina raraga ngajarkeun karakter mandiri ka siswa, SDIT Persis Tarogong, Garut ngayakeun hiji acara di Kampung Nangewer Desa Sukamurni, Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut.

Dingaranan "Edu Staycation", eta acara lumangsung 2 poe Jumaah 23 Januari 2023 nepi ka Saptu 28 Januari 2023. Ari pamilonna kurang leuwih 106 siswa.

 

Dina kateranganna, Kapala Sakola SDIT Persis Tarohong 1 Iyus Susanto ngebrehkeun, yen salila kagiatan, siswa dititipkeun di masarakat.

Baca Juga: Cek PP Muhammadiyah, 1 Ramadhan 1444 Hijriah 23 Maret 2023, Ieu Sihoreng Alesanna

Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Empke ku Ramo

Baca Juga: Panday ti Sunda, Sanggeus Pajajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

Sajeroning aub jeung masarakat, para siswa teh diajar migawe kabiasaan nu hirup masarakat di Nangewer.

Barudak sakola oge ngayakeun kagiatan nu geus dijadwalkeun kawas ngadongdon sawatara home industry langsung jeung latihanna, oge ngalaksanakeun kagiatan di tempat ibadaha nu aya di masarakat.

"Janten murangkalih ngahaja dititipkeun di masarakat supados tiasa ngalaksanakeun kabiasaan-kabiasaan nu sae, babakuna katerampilan nu bisa diprakkeun di masarakat," cek Iyus.

Baca Juga: Bedog-Bedog Kakoncara ti Tatar Sunda, Dijieun Teu Dapon, Pandayna Kudu Bari Puasa

Nurutkeun Iyus, cara ngatik barudak kitu teh teu bina ti kuliah kerja nyata nu biasa dilaksanakeun para mahasiwa.

"Alhamdulilah eta kagiatan ageung pangaruhna kanggo perkembangan mental sosial murangkalih," pokna deui.

Kituna teh bari ngebrehkeun yen eta kagiatan atawa program geus lumangsung kurang leuwih dua taunan; jeung diasupkeun kana kagiatan implementatif pendidikan nu biasana dilaksanakeun di kelas.

Baca Juga: Nugaskeun Tb. Hasanuddin, PDIP P Siap Ngadeudeul Pasanggiri Penca Tradisional

 

 

Nu matak reureugna oge, cenah, orang tua siswa di SDIT Persis Tarogong, kacida ngarojongna kana eta kagiatan.

"Sadayana sepuh nu sakola di SDIT Persis ngamalum, ngartos kana eta program, malih ngarojong pisan," pokna.

 

Nurutkeun Iyus, lantaran mangpaatna gede kacida keur kamekaran siswa, eta kagiatan bakal terus dilaksanakeun ku sakolana. ***

 

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler