Raja Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih, ka Kuningan, Ngumaha Pedah Urang Cirebon Mamaksa Dirina Pindah Ageman

- 3 Maret 2023, 12:00 WIB
Novel Nyi Rambut Kasih, karya Aan Merdeka Permana. Peda urang Cirebon mamaksa dirina pindah ageman, Nyi Rambut Kasih miang ka Kuningan, menta tulung sangkan urang Cirebon ulah openan kana ageman  nu beda jeung ageman urang Cirebon.
Novel Nyi Rambut Kasih, karya Aan Merdeka Permana. Peda urang Cirebon mamaksa dirina pindah ageman, Nyi Rambut Kasih miang ka Kuningan, menta tulung sangkan urang Cirebon ulah openan kana ageman nu beda jeung ageman urang Cirebon. /Nding Masku/Galura

Karajaan Sindangkasih lain kaasup karajaan badag, mun dikategorikeun mah teu jauh ti buyut haden (satingkat kabupatén). Geus kajudi sageprakan ogé bakal kasoran.

Antukna Nyi Rambut Kasih boga pamikiran hayang ngawangkong jeung Wangsakera di Luragung. Rék ngumaha sangkan urang Cirebon henteu neregteg teuing datangna.

Paling henteu urang Cirebon ngahargaan karajaan nu rajana teu ngagem agama nu sarua jeung urang Cirebon. Ulah mamaksa pindah ageman.

Baca Juga: Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

Miangna ka Luragungna mapay-mapay tutugan Gunung Cireme beulah kalér. Mun ngaliwatan Gunung Gundul (Palimanan), hég maké karéta kuda wadya balad Cirebon bakal nyarahoeun.

Nyi Rambut Kasih dibaturan ku embanna sababaraha urang, teu dikawal ku prajurit. Dalah dirina ogé teu nyirikeun ratu, nyamur jadi masarakat biasa nu sok ka leuweung.

Nu matak teu anéh, ti Sindangkasih ka Luragung nepi ka tujuh poéna. Lalampahan sakitu lilana kaharti sabab pangawak awéwé.

Méméh ngajugjug ka puser dayeuh Luragung, Nyi Rambut Kasih sindang heula di daérah leuweung gerotan nu kiwari katelah Désa Pajawanlor. Bisa jadi harita tapel wates antara Luragung jeung Kajené (Kuningan).

Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

Éta lelewek katalikung ku walungan. Beulah kalérna, mun kiwari ti Desa Pajawanlor, Cisandé nu engkéna ngamuara ka Cisanggarung. Kaléreunana deui Ciporang, kiduleunana Cikuda.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x