Ceuk ujaring carita, kalan-kalan Arya Kamuning mantuan ngislamkeun wewengkon Dermayu, bareng jeung Sunan Gunung Djati. Pangpangna dina meruhkeun Wiralodra.
Atawa milu perang jeung pasukan Cirebon, upamana ngarebut Sunda Kalapa jeung ngarurug puseur dayeuh Karajaan Sunda, Pakuan-Pajajaran (Bogor).
Meunang béja kitu ti utusanana, Nyi Rambut Kasih gura-giru ninggalkeun sasaunganana, balik deui ka Talaga, seja néangan Wangsakera jeung bisi kanyahoan mantén ku Arya Kamuning.
Baca Juga: Pangeran Kornel nu Ngabantuan Kolonial Belanda Ampir Tiwas Dipanah ku Bagus Manuk
Ceuk parasejarawan, Karajaan Sindangkasih téh karajaan leutik. Bisa jadi karajaan bawahan karajaan Sunda, boh watu puseur dayeuha di Kawali Ciamis boh waktu puseur dayeuhna di Pakuan-Pajajaran (Bogor).
Najan karajaan leutik, Sindangkasih, ceuk sakaol karajaan nu sumur makmur, gemah ripah, rahayatna genah tuminah.
Teu anéh mun dina lambang Kabupatén Majalengka ditulis Sindangkasih Sugih Mukti. Udaganana sangkan urang Majalengka boga patékadan soson-soson ngajalankeun pangwangunan.
Urang Majalengka ogé teu weléh ngarep-ngarep aya pamingpinan nu bener-bener merhatikeun jeung ngamajukeun kahirupan rahayat.
Dina legénda séjén, Nyi Rambut Kasih atawa disebut ogé Ratu Sindangkasih saterusna ngagem agama Islam. Diislamkeunana langsung ku Sunan Gunung Djati nu ngahaja datang ka Sindangkasih.