Ciporang jeung Cikuda tepung di Cisandé. Mun ditingali ti luhur maké kapal udara, walungan-walungan bieu ampir sarua jeung trisula,
Lantaran daérahna matak pikabetaheun, iuh linduh bari jeung cai hérang cur-cor Nyi Rambut Kasih betaheun cicing di dinya. Ngahaja nyieun tempat pangreureuhan, ngadegkeun sasaungan.
Tihang-tihangna nu jumlahna opat maké batu tatapakan nu bentukna pasagi. Ngan tempat atawa sasaungan nepi ka kiwari tacan kapanggih.
Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris
Batu tatapakanana nu kapanggih ngan hiji. Anu tilu deui mah duka ka mana. Kira-kira taun 60-an batu pasagi opat pating arenclo disababarah tempat, teu béda keur tihang saung. Ukuranana teu sarua, nu hiji tilu kali opat metér, nu dua kali dua metér aya kana lima sikina,
Di éta patempatan, Nyi Rambut Kasih, ngajurungan saurang embanna nu ngaranna Nyi Gedé Tapa sangkan nepungan Wangsakera di Luragung. Teu talangké deui Nyi Gedé Tapa nuluykeun lalampahan ka Luragung. Ari Nyi Rambut Kasih jeung emban nu liana angger nyaung-nyaung di éta patempatan.
Tilu poé ti harita, Nyi Gedé Tapa ngurunyung. Cenah jeung Wangsakera téh henteu panggih lantaran geus indit ka Talaga alatan dipapaksa sina asup agama Islam ku kapiuwana nyaéta Arya Kamuning.
Di Luragung ogé urang Cirebon keur tihotahat nyebarkeun agama Islam. Wangsakera jeung Arya Kamuning masih kénéh sarundayan, turunan Ki Gedé Luragung,
Baca Juga: The Conquest of Java Ngagambarkeun Rongkahna Perjoangan Bagus Rangin
Arya Kamuning atawa Bratawijaya keur soson-soson ngawanohkeun jeung nyebarkeun agama Islam. Arya Kamuning sanggeus bisa ngislamkeun urang Kuningan jadi kapercayaan Sunan Gunung Djati, sarta tuluy cicing di Crebon.