Stadion Siliwangi, Pangajen tur Mieling Bandung Lautan Api

3 Februari 2023, 18:30 WIB
Stadion Siliwangi nu perenahna di Jln. Lombok, Kota Bandung, keur mimiti ngadeg mah leuwih diancokeun pikeun pembinaan jasmani anggota Kodam III Siliwangi./FB /

 

GALURA - Stadion Siliwangi nu perenahna di Jln. Lombok, Kota Bandung, keur mimiti ngadeg mah leuwih diancokeun pikeun pembinaan jasmani anggota Kodam III Siliwangi.

Pangna kitu, alatan Stadion Siliwangi teh dipimilik ku Kodam III Siliwangi.

Stadion Siliwangi kungsi jadi tempat utama pikeun digelarna rupa-rupa kagiatan, boh olahragana boh nu sejenna.

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

Sabab di Kota Bandung tiheula mah can aya stadion nu leuwih representatif pikeun ngagelar kagiatan olahraga, utamana nu sok dilalajoanan ku rebuan warga.

Antukna Stadion Siliwangi nu mampuh ngawadahan kira 25.000 penonton teh meh identik jeung kandang Persib Bandung.

Bentang-bentang Persib ti bareto mula tug tepi ka entragan Adeng Hudaya, Adjat Sudradjat, Robby Darwis, Eka Ramdani, jeung entragan nu sejenna, sempet ngalakonan proses candradimuka di Stadion Siliwangi.

Baca Juga: Caringin Juliana boom Rungkad Taun 1942, dina Mangsa Sarua Kakawasan Walanda Pindah ka Jepang

Teu salah mun aya paribasa kieu, pajah can afdol jadi bobotoh Persib mun can kungsi lalajo langsung Persib tanding di Stadion Siliwangi.

Saenyana mah ieu stadion kareueus warga Kota Bandung teh diwangun pikeun mieling peristiwa Bandung Lautan Api (BLA) tanggal 24 Maret 1946.

Stadion Siliwangi didedikasikeun pikeun 200.000 warga Bandung nu geus rela tur ngorbankeun harta bandana nu ludes dina eta peristiwa BLA.

Baca Juga: Alun-Alun Bandung Baheula Kungsi Dipake Tempat Ngadu Domba jeung Maenbal

Sanggeus dalapan taun peristiwa BLA, kalawan dipokalan ku Panglima Tentara dan Teritorium III, Kolonel Inf AE Kawilarang, dimimitian pangwangunan stadion keur kagiatan olahraga warga Kota Bandung, jeung pikeun latihan paratentara Siliwangi.

Diwangun dina lahan milik Kodam Siliwangi, waragad pangwangunan kakumpul tina potongan gajih paratentara katut karyawan Kodam salila dua taun.

Harita, sababaraha minggu mah dua kompi tentara ngakut taneuh ti Lembang.

Baca Juga: Program Petani Milenial, Pemdaprov Jabar: Perang Rusia Ukrania Matak Ngateugkeun

Dibarung ku sumanget Siliwangi, antukna dina jero dua taun pangwangunan stadion rengse. Harita mah ukur aya tribun utama nu dijieun tina kai.

Tanggal 1 Januari 1956 Stadion Siliwangi diresmikeun ku Panglima Kawilarang, direuah-reuah ku pertandingan persahabatan antara Persib Bandung ngalawan Persija Jakarta.

Taun 1961, Stadion Siliwangi dipake kagiatan Pekan Olahraga Nasional (PON) V nu dibuka ku Presiden Soekarno.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Satuluyuna, Desember 1975, Stadion Siliwangi direnovasi, ngalibetkeun 300 pagawe, tur anggeus dina jero genep bulan, lengkep jeung tribun di sakuriling lapangan sarta nyumponan standar internasional.

Jukutna nyaeta jenis green carpet, meunang ngimpor ti Ustrali.

Meneran jeung poean Mieling 30 Taun Kodam III/Siliwangi, 20 Mei 1976, tanda rengsena renovasi dilakukeun ku Mayjen TNI Himawan Sutanto, Pangdam Siliwangi harita. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler