Alun-Alun Bandung Baheula Kungsi Dipake Tempat Ngadu Domba jeung Maenbal

- 3 Februari 2023, 13:30 WIB
Pintonan di alun-alun Bandung mangsa baheula/ Tina Buku“Bandung Kilas Peristiwa Di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah” (Kiblat)
Pintonan di alun-alun Bandung mangsa baheula/ Tina Buku“Bandung Kilas Peristiwa Di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah” (Kiblat) /

GALURA – Nu disebut alun-alun teh baheula mah ampir kabeh mangrupa lapang nu lega, lain taman cara ayeuna. Tatangkalan keur ngiuhan biasana aya di unggal juru. Biasana mah tangkal caringin.

Ku lantaran lega tea, lapangna sok dipake rupa-rupa kagiatan masarakat, sajaba ti dipake kagiatan resmi pamarentah (Walanda atawa Jepang mun jaman penjajahan mah). Alun-alun Bandung upamana.

Nurutkeun Sudarsono Katam Kartodiwirio dina bukuna “Bandung Kilas Peristiwa Di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah” (Kiblat 2006), dina taun 1900-an, alun-alun Bandung teh sok jadi tempat kagiatan masarakat.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Antarana wae, kungsi dipake tempat maenbal nu dilalajoan ku urang Walanda jeung gegeden Bandung lianna. Eta teh lumangsung taun 1900-1905 jeung 1914-1921.

Dina foto nu aya dina eta buku, katinggali nu lalajo di sisieun alun-alun Bandung. Aya nu narangtung, aya oge nu dariuk. Di lapang tembong pamaen keur parebut bal.

Lian ti sok dipake tempat maen bal, alun-alun Bandung teh sok dipake tempat pertandingan papanahan, ngadu domba jeung pintonan seni tradisional cara calung.

Baca Juga: Walangsung Ngababakan, Jadi Panguasa tapi Angger Babakti ka Pajajaran

Nurutkeun Sudarsono Katam Kartidiwirio, kagiatan nu mangsa harita rea nu mikaresep di alun-alun Bandung teh nyaeta ngadu domba.

“Alun-alun biasa digunakeun keur tempat ngadu domba nu minangka pintonan nu dianti ku warga Bandung baheulam,” cek eta panulis.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x