Padahal, cenah, soara jedukna tanduk domba nu diadu matak ketir jeung ngadatangkeun kahariwang sirah domba beulah.
Baca Juga: Karajaan Munggaran di Cirebon nu Ngadegkeunana Walangsungsang, Rundayan Galuh Kawali
Dina foto nu aya di buku, tembong dua domba hideung jeung bodas nu tandukna ranggaek keur tarung. Hiji lalaki make iket, nangtung teu jauh ti domba, “ngawasitan” sato nu keur diadu.
Nu lalajona, aya nu nangtung di lapang, aya oge nu naringali ti luhureun panggung –nu moal salah para gegeden Walanda jeung Bandung.
“Alun-alun baheula sok dipake tempat mintonkeun kasenian rayat cara seni calung nu ngagunakeun angklung, malah sok dipake tempat ngahukum gantung penjahat,” cek panulis.
Baca Juga: Stasiun Kareta Api Buitenzorg Make Arsitektur Corak Eropa, Ayeuna Kaendahanana Meh Leungit
Kabehdianeukeun, alun-alun Bandung salin rupa. Nu asalna mangrupa lapang nu lega bari taya aling-aling, mimiti robah.
Cek panulis, dina taun 1950-an alun-alun Bandung geus jadi taman. Harita di tengah alun-alun geus dipelak kekembangan.
Taun 1960, alun-alun Bandung geus robah pisan. Harita geus robah jadi taman, lengkep jeung kekembangan dina pot rupa-rupa ukuran.
Baca Juga: Bulan K3 Nasional, Abbas Saleh: Taya Kacilakaan Gawé di UP3 Majalaya