Stasiun Kareta Api Buitenzorg Make Arsitektur Corak Eropa, Ayeuna Kaendahanana Meh Leungit

- 3 Februari 2023, 09:30 WIB
Wangunan stasion Bogor, arsitekturna corak Eropa (Foto: heritage.kai.id)
Wangunan stasion Bogor, arsitekturna corak Eropa (Foto: heritage.kai.id) /

GALURA -Stasion kareta api di Buitenzorg (ayeuna Kota Bogor), ngadeg taun 1872. Nu ngawangunna pausahaan kareta api Walanda, minangka stasion nu pamungkas keur jalur Batavia-Buitenzorg.

Dioperasikeunana jalur Batavia-Buitenzorg mimiti taun 1873, bareng jeung rengsena wangunan stasion.

Pamarentah Hindia Walanda ngabangun jalur kareta Batavia- Buitenzorg  keur nyumponan pangabutuh masarakat kana perluna angkutan transportasi nu leuwih gancang jeung leuwih merenah.

Baca Juga: Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

Memeh dibuka jalur kareta api Batavia- Buitenzorg transportasi make  kuda nu tangtu teu sagancang kareta api. Beda jeung ngagunakeun kareta api, ti Batavia ka Buitenzorg merelukeun dua jam.

Lian ti keur nyumponan transpotasi, jalur kareta api  Batavia - Buitenzorg tujuan nu sabenerna mah keur kapentingan angkutan hasil bumi.

Hasil bumi ti pagunungan  dikumpulkeun di palabuhan Tanjung Priok nu satuluyna diangkut ku kapal cai ka Nagri Walanda jeung nagara Eropa sejenna.

Wangunan stasion Bogor, di dua tingkat; saban dindingna euyeub ku ornamen arsitektur corak Eropa nu direumbeuy ku sawatara motif, upamana motif geometrik awan, motif suku singa jeung motif lorong jalan.  

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x