Lolongok ka Kerkoff Jaman Walanda di Subang, Sareretan Mah Jiga Candi

- 19 Januari 2023, 15:15 WIB
Wangunan di kerkof Subang nu disangka candi/Galura/Aam Permana S
Wangunan di kerkof Subang nu disangka candi/Galura/Aam Permana S /

 

GALURA - Sareretan mah wangunan nu jangkungna kira 5 meter di Kampung Tengger Agung, Desa Sagalaherang Kidul, Kacamatan Sagalaherang, Subang, teh bleg we candi.

Komo mun ditingalina ti kajauhan jeung can apal wangunan nu saenanya mah.

Galura ge apanan mimitina mah nyangka kitu. Komo sanggeus ningali wangunanna dijieunna tina batu kawas Candi Cangkuang, Garut mah.

Baca Juga: Di Kantor Golkar Kang Emil Ngaku Boga 'Follower' Jutaan di Media Sosial, Sabaraha Jumlahna Saenyana?

Ngan sabada meunang katerangan ti warga Tengger Agung, Galura kakara apal, yen eta wangunan teh lain candi, tapi makam.

Tapi, cek warga, lain makam samanea.

Makam nu aya di tukangeun makam Kampung Tengger Agung teh makamna kulawarga Petter Willem Hofland, tuan tanah asal Walanda nu ngawasa perkebunan di Subang puluhan atawa ratusan taun katukang.

“Upami teu lepat, eta teh pusara urang Walanda jaman Pamanoekan n Tjiasemlanden (P & T Land. Kapungkur mah sok disebat kerkhof. Ayeuna ge sepuh-sepuh mah masih sok nyebat kitu,” cek Sahidi, nonoman Kampung Agung nu marengan Galura kukulunuan ka eta tempat.

Baca Juga: Kang Emil Asup Golkar, Erick Thohir Ngawilujengkeun, Ieu Conto Kamandang Netijen

Sabada diimeutan, dina wangunan nu jiga candi tah aya tulisan.

Unina nuduhkeun yen nu sumare di eta makam nyaeta Maria Elisabeth van Lawick van Bast, jeung Francis Theodorus Hoffland.

Ari maranehna, nurutkeun paniten sajarah Subang Ajat Sudrajat, nyaeta pamajikan jeung budakna Johanes Theodorus Hofland, nu taya lian anak kadua ti PW Hofland, tuan tanah nu ngabogaan P & T Land Subang.

Baca Juga: Soal Kang Emil Asup Golkar, Philips J Vermonte : Lengkah nu Merenah Tur Strategis keur Duanana

Ajat apal kana eta sajarah, cenah, sabab aya catetanna dina buku Genealogische en heraldische gedenkwaardigheden betreffende Europeanen op Java. Dina buku citakan 1934 teh, aya catetan silsilah kulawarga jeung makam urang Eropa di Pulo Jawa kaasup nu aya di Subang tea.

Pangna makam Walanda aya di Kampung Tengger Agung, lantaran wewengkon Sagalaherang, baheulana jadi tempat Hofland ngagerakeun usaha perkebunanna, samemeh pindah ka wewengkon sejenna, kira taun 1850.

Nurutkeun kolot Sahidi mah di luhureun pusara teh baheula aya dua patung. Patungna mirupa wujud awewe jeung budak – meureun ngagambarkeun Maria Elisabeth jeung budakna.

Baca Juga: Jumlah Guru Ngaji geus Nyumponan Jumlah Rombel Najan Aya nu Kudu Ngajar di Dua Kelas

Ngan hanjakalna, patungna leungit, duka aya nu mawa duka ruksak, taun 1990 katompernakeun.

Sakumaha anu katitetan ku Galura, aya sababara pusara Walanda di tukangeun makam Kampung Tengger Agung teh.

Pusarana, katembong aya nu beleger keneh, aya oge nu geus ruksak.

Baca Juga: Ieu Geuning Alesan Kang Emil Ngagabung ka Partai Golkar Teh, Antarana Wae 'Harewos' Ti Indung jeung Ulama

Sababaraha di antarana, samalah aya nu karimbunan ku rungkun nepi ka meh-mehan teu katingali.

Dina unggal pusara, aya keneh nu tulisanna bisa kabaca, aya oge nu geus teu kabaca samasakali. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x