Bakal Calon Bupati Majalengka 2024 Mimiti Tembong: Birokrasi, Petahana, Politisi, Wartawan jeung Pangusaha

- 27 Maret 2024, 13:54 WIB
Paracalon kandidat bupati Majalengka nu maju dina Pilkada Serentak November 2024.
Paracalon kandidat bupati Majalengka nu maju dina Pilkada Serentak November 2024. /Ayank/galura.co,id

GALURA.CO.ID –Patalina jeung calon bupati Majalengka, jagat media sosial di Kabupaten Majalengka keur geunjleung. Aya tujuh bakal calon bupati Majalengka anu diprediksi bakal milu makalangan di Pilkada Serentak 2024.

Tina sakitu lobana bakal calon bupati Majalengka, masing-masing mibanda kaunggulan jeung kasang tukang anu beda. Arinyana kiwari dibewarakeun keur nyusun sababaraha strategi, keur marebutkeun korsi kapamingipinan di "Kota Angin" Majalengka.

Salasahiji calon anu jadi puseur perhatian: Kang Nana, pangusaha anu ngarojong jejer "Majalengka Berkah". Inyana ngaklaim geus meunang rojongan ti masarakat.

Baca Juga: Bari Ngagikeun Tajil Gratis, Polsek Sukahaji Majalengka Ngelingan Warga Ngastokeun Palaturan Lalulintas

Nana Ichksan, ngaran lengkapna, geus nyiapkeun alat peraga jeung sosialisasi ti mimiti 2 taun ka tukang minangka lengkah awal maju di Pilkada Serentak. Inyana mibanda tekad maju ngaliwatan jalur independen.

Di sisi lianna: Jejep Falahul Alam, hiji jurnalis ngora energik, jeung mibanda daya irut publik. Kalayan kasang tukang pangalaman hirupna anu euyeub, Jejep asup bursa calon bupati potensial ti kalangan generasi milenial.

Tangtangan utamana Jejep tacan mibanda kandaraan politik anu bakal ngarojongna, sanajan popularitas jeung elektabilitasna tuluy ngaronjat. Anu utama ngarojongna: relawan Japati (Jejep Kudu Jadi Bupati).

Eman Suherman, anu kiwari ngajabat Sekda Majalengka, tandang ku kaunggulan pangaweruh birokrasi katut jaringan anu dipibandana. Eman ngusung jargon Mewujudkan Majalengka Langkung Sae.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Masrahkeun Sertifikat Tanah Program PTSL keur 2.900 Warga Kecamatan Malausma

Eman sorangan percaya diri maju nyalon bupati, sanajan nyanghareupan tangtangan beurat, sabab tacan meunang rojongan ti partey pulitik. Nepi ka kiwari tacan dipastikeun naha bakal maju di jalur persoarangan atawa dirojong parpol.

Di kubu petahana: H Karna Sobahi. Geus mibanda pangalaman. Karna mibanda potensi kapilih deui kalayan ngamangpaatkeun popularitasna oge rojongan partey pulitik anu dipingpinna.

Sababaraha survey nempatkeun H Karna Sobahi mindeng aya di posisi pangluhurna. Anapon kitu anu dipiharep publik pikeun parobahan jadi ujian keur Karna Sobahi.

Aya tarekah ngabentuk koalisi antara PKB jeung PKS, sarta wacana koalisi PPP jeung Golkar. Tujuanna ngarojong kader sorangan. Paket Juhana Zulfan jeung Roni Setiawan ngawakilan koalisi PKB jeung PKS.

Baca Juga: Dandim Pimpin Acara Pelepasan Pindah Satuan Kasdim 0617/Majalengka

Silaturahmina H Asep Eka Mulyana (Ketua Umum Golkar) jeung M Fajar Shidik (Ketua PPP) tuluy ngawangun komunikasi pulitik di antara kadua partey bieu. Duanana boga tiket keur bisa ngarojong calon sorangan.

Bewarana Golkar jeung PPP bakal ngasongkeun H Pepep Saeful Hidayat politisi kahot anu kiwari kapilih jadi anggota DPR RI ti PPP anu kiwari ngasupkeun gugatan ka MK.

H Irwan Bola ti Partai Gerindra oge nyobaan ngamangpaatkeun modal pulitikna keur ngawangun koalisi. Panganyarna, karek meunang rojongan soara DPD RI anu kawilang signifikan ti Majalengka. Tina kituna H Irwan calon anu pantes dibalitungkeun tandang makalangan ka Pilkada Majalengka 2024.

Sakumna pengamat politik ngaprediksi Pilkada Majalengka taun ieu bakal jadi palagan antara kakuatan pulitik anu kawilang beda, boh ti kalangan independen boh partey politik.

Tembongna 7 bakal calon bupati direspon ku sakumna netizen. Di antarana komentar ti Owner Dagear. "Berarti saya ge bisa meureun nyalonkeun janten bupati," ceuk Owner Dagear.

Anggota grup Satria Majalengka ngomentara: "Tiasa, kantun mau indenpenten atau ikut konvensi bacalon melalui partai," pokna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x