Bari Ngagikeun Tajil Gratis, Polsek Sukahaji Majalengka Ngelingan Warga Ngastokeun Palaturan Lalulintas

- 24 Maret 2024, 21:45 WIB
Kapolsek Sukahaji Majalengka ngabagikeun tajil gratis (23/03/2024).
Kapolsek Sukahaji Majalengka ngabagikeun tajil gratis (23/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Polsek Sukahaji Polres Majalengka Polda Jabar ngabagikeun tajil gratis, Saptu sore (23/3/2024). Dipingpin langsung ku Kapolsek Sukahaji, AKP Erik Riskandar.

Salian ngabagikeun tajil gratis, Polsek Sukahaji cumeluk ka masarakat sangkan mun mawa kandaraan ngestokeun palaturan jeung rambu-rambu lalu lintas.

"Simkuring cumeluk supados sing iyatna nyandak kandaraan. Teu kenging hilap ngalengkepan perlengkapan kasalametan diri, sapertos helm upami naek motor, "ceuk Erik Riskandar.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x