Dina Bulan Suci Romadon, Danramil 1713/Ligung Taraweh Keliling ka Desa-Desa

- 24 Maret 2024, 07:39 WIB
Danramil 1713/Ligung Kodim 0617/Majalengka Kapten inf Sarna jeung Muspika Ligung tarling di Masjid Jami Al Karomah Desa Buntu, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka, Kemis (21/3/2024).
Danramil 1713/Ligung Kodim 0617/Majalengka Kapten inf Sarna jeung Muspika Ligung tarling di Masjid Jami Al Karomah Desa Buntu, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka, Kemis (21/3/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Bulan Suci Romadon, Danramil 1713/Ligung Kodim 0617/Majalengka Kapten inf Sarna jeung Muspika Ligung ngalaksanakeun  taraweh keliling (tarling), di Masjid Jami Al Karomah Desa Buntu, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka, Kemis (21/3/2024).

Ieu kagiatan bukti sauyunan, ngaraketkeun tali silaturahmi jeung komunikasi anu hade antara pamarentah jeung masarakat di wilayah binaan. Hal ieu nyiptakeun sinergitas anu hade antara Muspika jeung Pemdes katut masarakat.

Dina eta kasempetan Kapten Inf Sarna, nepikeun ka masarakat pikeun silih tulungan tur rempug gawe dina ngajaga kaamanan jeung katartiban wilayah. Sabab saha deui anu bakal ngajaga kaamanan jeung katartiban di wilayah lamun lain urang sakumna.

Satuluyna, Danramil umajak ka warga pikeun ngalaksanakeun pencegahan dini tur deteksi dini pikeun ngajaga kondusifitas lingkungan. Keur nyegah hal-hal anu teu dipikahayang kajadian di masarakat.

“Teu hilap simkuring ngahatur nuhunkeun ka sakumna warga Desa Buntu anu parantos ngamumule kamtibmas, ngajantenkeun situasi oge kondisi dina kaayaan kondusip," ceuk Kapten Inf Sarna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x