Diduga Bakal Perang Sarung, Opat Rumaja Diamankeun Polsek Cikijing

- 24 Maret 2024, 21:30 WIB
Opat urang rumaja nu rek perang sarung diamankeun ku pulisi TI Polsek Cikijing, Kabupaten Majalengka (24/03/2024).
Opat urang rumaja nu rek perang sarung diamankeun ku pulisi TI Polsek Cikijing, Kabupaten Majalengka (24/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Polsek Cikijing ngamankeun opat urang rumaja anu diduga rek  perang sarung di wilayah Desa Sunalari, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, Saptu peuting (23/03/2024).

Informasi kapolisian  awalna tina laporan masarakat nu asup kana akun media sosial Instagram Polsek Cikijing, anu ngabewarakeun ayana sakelompok rumaja anu mawa sarung digulung tur diduga bakal ngalaksanakeun perang sarung.

Sagancangna, personil Polsek Cikijing ngalaksankeun patroli tur ngamankeun sababaraha rumaja. Ku Kapolsek Cikijing, AKP Rudy Djunardi M, S.H., M.H., dipapagahan.

Baca Juga: Perang Sarung, sababaraha Rumaja Diamankeun Polsek Cigasong, Kapolres Cumeluk Pentingna Nalingakeun Rumaja

Saterusna sakumna rumaja dipasrahkeun ka kolotna sewang-sewangan, bari nyieun surat pernyataan pikeun teu milampah deui hal anu sarupa.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ditepikeun Kapolsek Cikijing, AKP Rudy Djunardi M, S.H., M.H., nandeskeun pentingna ngabina generasi ngora.

"Kajntenan ieu janten pelajaran kangge sakumna rumaja supados teu kalibet dina kagiatan anu tiasa ngarugelkeun diri nyalira pon kitu deui anu sanes. Pembinaan oge arahan jnten konci dina ngabentuk karakter positip generasi panerus bangsa," ceuk AKP Rudy Djunardi M.

Kapolsek Cikijing oge ngageuing kolot sangkan ngaping barudak.

"Parasepuh peryogi maparinan perhatosan langkung ka murangkalihna, supados tumuwuh janten generasi anu tanggel waler oge mibanda niley-niley positip," ceuk Rudy.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x