Perang Sarung nu Tadina Kalangenan dina bulan Ramadhan Robah Jadi Kriminal

- 26 Maret 2023, 11:24 WIB
Polsek Majalengka Kota Polres Majalengka ngamankeun 21 urang rumaja nu diduga rek perang sarung di tempat Pemakaman Umum (TPU) Kelurahan Majalengka Kulon Kecamatan Majalengka Kabupaten Majalengka Jumaah (24/3/2023) peuting. Barang bukti, sarung oge diamankeun.
Polsek Majalengka Kota Polres Majalengka ngamankeun 21 urang rumaja nu diduga rek perang sarung di tempat Pemakaman Umum (TPU) Kelurahan Majalengka Kulon Kecamatan Majalengka Kabupaten Majalengka Jumaah (24/3/2023) peuting. Barang bukti, sarung oge diamankeun. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Fenomena perang sarung tadina mah kalangenan nu ngan ukur aya salila bulan Ramadhan. Biasana derna perang sarung sanggeus taraweh jeung sanggeus solat subuh. Anu perang sarung lain kolot, tapi barudak nu meumeujeuhna leungeur. Bareto perang sarung kaasup heureuy, lain kriminal.

Sabada taraweh atawa sabada solat subuh, barudak ngabring kaluar ti masjid, teu langsung balik, tapi neangan heula lawan, boh samasjid boh beda masjid. Tepung der wae perang sarung bari heureuy, kalangenan barudak dina bulan bulan Ramadhan. Kiwari perang sarung robah jadi kaasup tindak pidana kriminal.

Luyu jeung ngaranna, dina perang sarung, pakarangna ukur sarung nu dipurintilkeun terus dibabukeun ka lawan. Alatan ukur kalangenan, teu pati nyeri mun keuna ku sarung teh, malah mimindengna mah katangkis ku sarung deui. Ayeuna dina sarungna diselapan barang atawa pakakas nu matak matak nyilakakeun. Tina kituna kagolongkeun kriminal, padahal tadina mah ukur kalangenan dina bulan Ramadhan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (67), Di Sisi Leuweung Dipegat ku Opat Lalaki nu Samagreng ku Pakarang

Geus aya korbanna tina perang sarung. Tina kituna pulisi henteu cicingeun. Polsek Majalengka Kota Polres Majalengka ngamankeun 21 urang rumaja nu diduga rek perang sarung di tempat Pemakaman Umum (TPU) Kelurahan Majalengka Kulon Kecamatan Majalengka Kabupaten Majalengka Jumaah (24/3/2023) peuting.

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi ditepikeun ku Kapolsek Majalengka Kota AKP Fiekry Adi Perdana nyebutkeun, pihakna meunang laporan ayana barudak nu dicuriga rek perang sarung.

"Pihak kapulisian kenging informasi ayana sababraha murangkalih nu kempel oge diduga bade perang sarung. Nalika dicek, kapendak murangkalihna," ceuk Kapolsek Majalengka Kota.

Kapolsek Mahjalengka nyebutkeun aya dua kelompok rumaja nu rek perang sarung di wilayah Kecamatan Majalengka teh. “Ti 21 murangkalih nu diamankan aparat kapulisian, diamankeun deuih barang buktina," ceuk AKP Fiekry Adi Perdana.

Baca Juga: Dina Operasi Pekat Lodaya 2023 jeung Mapag Ramadhan Polres Majalengka Ngamankeun Ratusan Ulon-Ulon Kajahatan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x