Perang Sarung nu Tadina Kalangenan dina bulan Ramadhan Robah Jadi Kriminal

- 26 Maret 2023, 11:24 WIB
Polsek Majalengka Kota Polres Majalengka ngamankeun 21 urang rumaja nu diduga rek perang sarung di tempat Pemakaman Umum (TPU) Kelurahan Majalengka Kulon Kecamatan Majalengka Kabupaten Majalengka Jumaah (24/3/2023) peuting. Barang bukti, sarung oge diamankeun.
Polsek Majalengka Kota Polres Majalengka ngamankeun 21 urang rumaja nu diduga rek perang sarung di tempat Pemakaman Umum (TPU) Kelurahan Majalengka Kulon Kecamatan Majalengka Kabupaten Majalengka Jumaah (24/3/2023) peuting. Barang bukti, sarung oge diamankeun. /Ayank R Sambara/Galura

Kolotna diteang sina ka Mapolsek. “Murangkalih sina ngadamel surat pernyataan sareng surat perjanjian moal milampah perang sarung deui,” ceuk Fiekry.

AKP Fiekry nandeskeun sakumna kolot kudu bener-bener nalingakeun budakna nalika di luar imah. Bulan suci Ramadhan ulah dikotoran ku paripolah nu ngarugikan diri jeung nu lianna .

"Saupami kapayunna aya nu katangkep deui kalibet dina perang sarung bari nyandak senjata, bakal diproses luyu sareng hukum,” ceuk AKP Fiekry.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x