Nu Milu Uji Kompetensi Wartawan Angkatan 62-63 di Karawang, 88% Hasilna Nyugemakeun  

- 1 Juni 2023, 20:28 WIB
Roadshow Uji Kompetensi Wartawan (UKW) di Hotel Novotel Kabupaten Karawang, Salasa-Rebo 30-31 Mei 2023.*
Roadshow Uji Kompetensi Wartawan (UKW) di Hotel Novotel Kabupaten Karawang, Salasa-Rebo 30-31 Mei 2023.* /Dok. PWI Jabar/

 

GALURA - Pamarentah Provinsi Jawa Barat jeung Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat ngayakeun Roadshow Uji Kompetensi Wartawan (UKW) di Hotel Novotel Kabupaten Karawang, Salasa-Rebo 30-31 Mei 2023. Ieu Roadshow UKW téh program Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, kalayan ngancokeun 1.000 peserta UKW sa-Jawa Barat dina taun 2023.

Ketua Pelaksana Roadshow UKW PWI Jawa Barat, Ahmad Syukri nyebutkeun, ieu Roadshow UKW PWI Jawa Barat téh mangrupa program 1.000 UKW ti Dinas Komunikasi dan Informatika Provinsi Jawa Barat.

“Dina program 1.000 UKW ieu, Karawang mangrupi lokasi nu kalima, dina angkatan nu ka-62-63. Sadayana aya 65 peserta UKW, ti tingkatan muda, madya, dugi ka utama. Ari pesertana mah ti wewengkon sabudeureun, Purwakarta, Subang, Bekasi, aya ogé deuih nu ti Depok," ceuk Ahmad Syukri.

Sakabéhna aya dalapan lokasi kagiatan roadshow téh, ngawengku Bandung Raya, Kabupaten Bogor, Kota Depok, Karawang, sarta engké baris dituluykeun di Cirebon, Ciamis, jeung Sukabumi.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Kagiatan Roadshow UKW PWI Jabar di Karawang téh dibuka langsung ku Sekrétaris Dinas Komunikasi dan Informatika Provinsi Jawa Barat, Agi Agung Galuh Purwa, disaksian ku Wakil Bidang Organisasi PWI Jabar, Ahmad Syukri, Sekrétaris Umum PWI Jabar, Tantan Sulthon Bukhawan katut pangurus PWI Jabar, jeung Ketua PWI Karawang, Aep Saepuloh, sarta Sekrétaris PWI Karawang, Nilakusuma katut pangurus PWI Karawang.

Nu nguji UKW, di antarana Ahmad Syukri, Ghiok Riswoto, Erwin Kustiman, Kadirah, Suherlan, Widodo Asmowiyoto, Wawan Djuwarna, Ati Suprihatin, Refa Riana, TB Slamet Priyanto, jeung Kesit B. Handoyo.

Atuh para tamu/ondangan jeung narasumber nu ngaluuhan éta kagiatan, di antarana Kepala Diskominfo Karawang, Wahidin, Komisioner Komnas PA, Wawan Wartawan, Anggota DPRD Karawang, Indriyani, Plt KPU Karawang, Ikhsan Indra Putra, jeung Kasi Humas Polres Karawang, Ipda Herawati.

 Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (24): Nu Karugrugan Madu Karagragan Menyan Bodas

Roadshow Uji Kompetensi Wartawan (UKW) di Hotel Novotel Kabupaten Karawang, Salasa-Rebo 30-31 Mei 2023.*
Roadshow Uji Kompetensi Wartawan (UKW) di Hotel Novotel Kabupaten Karawang, Salasa-Rebo 30-31 Mei 2023.*

 

Miang tina kahariwang Jabar jadi basis hoaks

Ngawakilan Ketua PWI Jabar Hilman Hidayat, Sekretaris Umum PWI Jabar, Tantan Sulthon Bukhawan nyebutkeun, ieu program Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil téh miang tina kahariwang Jabar jadi basis hoaks.

“Ku kituna, aya tarékah sangkan ngaronjatkeun ajén atanapi kualitas wartawan, ngalelempeng klarifikasi nu salami ieu janten hoaks,” ceuk Tantan Sulthon Bukhawan.

Satuluyna Tantan ngécéskeun, luyu jeung Mars PWI, PWI “selalu menjaga mutu profesi” (salawasna ngaraksa ajén profési”. Ku kituna, ceuk Tantan, liwat UKW dipiharep para wartawan Jabar kompeten dina widangna. Tepi ka sakabéh informasi nu dipublikasi dina media séwang-séwangan ngandung ajén tur luyu jeung kaidah jurnalistik katut kode etik.

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

Sekretaris Dinas Komunikasi dan Informatika Provinsi Jawa Barat, Agi Agung Galuh Purwa nambahkeun, Pemprov Jabar boga komitmen babarengan dina ngarojong tarékah ngaronjatkeun kualitas para wartawan di Jawa Barat. Sabab, cenah, ayeuna urang disanghareupkeun kana tantangan anu kacida di era digital.

“Utamana sual informasi hoaks, dipiharep ayana UKW téh para wartawan mampuh ngabantu dina nyieuhkeun hoaks. Dipiharep urang tiasa sasarengan ngayak informasi hoaks anu sumebar dina media sosial," ceuk Agi Agung Galuh Purwa.

Panitia nyebutkeun, hasil pelaksanaan UKW salila dua poé téh, peserta anu ditétélakeun kompeten réana 48 urang, sarta anu tacan kompeten 6 urang.

"Tingkat kalulusan dina UKW ayeuna ngahontal 88 persén. Wilujeng ka nu kompeten, muga-muga élmu anu diserep salami ngiringan UKW téh tiasa diterapkeun di lapangan. Kanggo nu teu acan kompeten, tong alit manah, margi masih tiasa ngiringan deui UKW salajengna. Antos wé 6 sasih deui ti ayeuna," ceuk Ketua Dewan Kehormatan PWI Jabar, Oland Sibarani, nalika nutup kagiatan UKW di Karawang, Rebo, 31 Mei 2023.***

Baca Juga: IKWI Jawa Barat Ngagelar Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x