Rampak Buka Puasa, Ketua PWI Jabar Medar sual Tatahar Puncak HPN jeung Kongres PWI Pusat

- 10 April 2023, 15:27 WIB
Rampak buka puasa (buka puasa bersama) pangurus PWI jeung IKWI Jawa Barat, di Aula PWI Jabar, Jl. Wartawan No. 23, Kota Bandung, Jumaah, 7 April 2023. *
Rampak buka puasa (buka puasa bersama) pangurus PWI jeung IKWI Jawa Barat, di Aula PWI Jabar, Jl. Wartawan No. 23, Kota Bandung, Jumaah, 7 April 2023. * /Ghiok/PWI Jabar/

GALURA - Tatahar puncak Hari Pers nasional (HPN) Tingkat Jawa Barat jeung Kongres PWI Pusat jadi dua agénda penting anu diungkab dina kagiatan rampak buka puasa (buka puasa bersama) pangurus PWI jeung IKWI Jabar, di Aula PWI Jabar, Jl. Wartawan No. 23, Kota Bandung, Jumaah, 7 April 2023.

Dina éta kasempetan, Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat medar dua agénda penting PWI Jawa Barat.

Numutkeun Hilman, pelaksanaan puncak HPN di Karawang baris lumangsung Mei 2023, ari Kongres PWI Pusat mah lumangsung September 2023 engké, sarta Jawa Barat dipercaya jadi pribumi (tuan rumah)-na.

"Yu urang sukséskeun éta dua agénda penting téh. Insyaallah, ku kolaborasi sareng rukun gawé sadaya pangurus, agénda urang tiasa laksana kalayan lungsur-langsar," ceuk Hilman Hidayat.

Baca Juga: Di Bulan Suci Ramadhan, PWI Kabupaten Bandung Babagi Kadaharan keur Buka, Waragadna Sumbangan ti Donatur

"Sim kuring miharep, sadaya stakeholder di Jawa Barat saénggalna diinformasikeun tumali PWI Jabar dipercanten jadi tuan rumah kongres, kalebet koordinasi sareng Dinas Pariwisata, margi biasana kongres mah dibukana ku Presiden," pokna deui.

Hilman ngaku, sakabéh agénda rampak buka puasa téh tadina rék diayakeun bareng jeung Gubernur atawa Wakil Gubernur katut pihak-pihak séjénna tepi ka bisa bari diskusi. Tapi ku lantaran aya larangan Presiden Joko Widodo sual buka bersama pejabat, éta agénda tuluyna dibolaykeun.

"Tapi alhamdulillah, urang masih tiasa kempel silaturahmi bari rampak buka sareng pangurus, sanaos kalintang basajan. Sim kuring oge tos nugaskeun pangurus PWI Jabar sina ngamalirkeun bantuan kanggo murangkalih yatim ka daérah-daérah, margi geuning panti asuhan di daérah téh pikahawoseun. Ku kituna, urang distribusikeun bantuan ka 13 daérah di Jawa Barat," cenah.

Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat (katilu ti kenca) medar dua agénda penting PWI Jawa Barat. Kéncaeunana, Sekretaris Umum PWI Jabar, Tantan Sulthon Bukhawan.*
Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat (katilu ti kenca) medar dua agénda penting PWI Jawa Barat. Kéncaeunana, Sekretaris Umum PWI Jabar, Tantan Sulthon Bukhawan.*

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x