Bappedalitbang Ngagelar Musrenbang RKPD taun 2024, Bupati Meredih Pangwangunan Utamakeun Kapentingan Masarakat

- 20 Maret 2023, 10:19 WIB
Bappedalitbang Kabupaten Majalengka ngagelar Musrenbang nyusun Rencana Kerja Pembangunan Daerah (RKPD) taun 2024 di Gedong Yudha Karya Pemda Majalengka (17/03/2023).
Bappedalitbang Kabupaten Majalengka ngagelar Musrenbang nyusun Rencana Kerja Pembangunan Daerah (RKPD) taun 2024 di Gedong Yudha Karya Pemda Majalengka (17/03/2023). /Ayank R Sambara/123

Bupati meredih ka dinas nu ngokolakeun program padat karya pikeun tuluy ngamonitoring sarta ngajalankeun kalayan sahade-hadena. "Anggaran Padat Karya kawilang ageung, kirang langkung 86 milar,” pokna.

Program padat karya nyadiakeun lapangan pagawean sakalian ngaronjatkeun paekonomian di padesaan. “Hal ieu bakal bisa ngurangan angka kamiskinan," ceuk Bupati Majalengka.

Salila taun 2018 - 2019 angka kamiskinan di Kabupaten Majalengka beuki ngurangan, nguranganana tepi ka 129.290 urang. Di taun 2019 jadi 121.060 jiwa, hal ieu nembongkeun program keur ngungkulan angka kamiskinan efektip.

Sasalad covid dina taun 2020 jeung 2021 ngabalukarkeun angka kamiskinan naek. Dina taun 2020 jadi 138.200 jiwa sarta di taun 2021 jadi 151.140 jiwa.

Baca Juga: Kado Saabad NU:  Tokoh Majalengka Ngarojong KH Abdul Halim Leuwimunding Jadi Pahlawan Nasional

Bareng jeung rerepna sasalad di taun 2022, angka kamiskinan di Kabupaten Majalengka turun deui jadi 147.120 jiwa. Hal eta ku ayana program bantuan pikeun masarakat, pikeun UMKM jeung dibukana program padat karya.

Musrenbang RKPD taun 2024 oge diluuhan ku Forkopimda, Sekda, Ketua Komisi III DPRD Kabupaten Majalengka, Kepala Bappeda Prov. Jawa Barat, Guru Besar Ilmu Kominukasi Unpad Bandung.

Lian ti eta diluuhan ku Ketua TP-PKK Kab. Majalengka, Ketua Dharmawanita Persatuan Kabupaten Majalengka, sakumna Staf Ahli, Asisten Daerah, sakumna Kepala OPD katut camat sakabupaten Majalengka, unsur dunya usaha, tokoh masarakat, tokoh pemuda, BUMD sarta tamu ondangan lianna.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x