Ketak Zein Tour Ngaping Tamu Allah nu Munggah Haji jeung Umroh Didasaran Katulusan

- 15 Februari 2023, 14:10 WIB
Jamaah umroh nu diaping ku Zein Tour, waktu di Tanah Suci, ahir November 2022/Dok. Syihabudin Mahmud
Jamaah umroh nu diaping ku Zein Tour, waktu di Tanah Suci, ahir November 2022/Dok. Syihabudin Mahmud /

 

GALURA - Ketak Zein Tour dina ngaping jamaah boh nu munggah haji boh nu umroh teh dibarung ku katulusan.

Minangka salasahiji kagiatan ibadah, Zein Tour teu weleh nekadkeun panglayan sahade-hadena pikeun nu rek munggah haji atawa umroh.

Munggah haji atawa umroh teh tetela ibadah nu perelu tatahar ti anggalna, ku kituna katulusan jadi konci utama Zein Tour salila ieu lagu ngaping jamaah.

Baca Juga: Direktur PT PERSIB Bandung Bermartabat (PT PBB), Teddy Tjahjono : Kualitas Wasit kudu Dironjatkeun

Kalancaran tur kasampurnaan ritual suci munggah haji atawa umroh, eta nu jadi udagan Zein Tour ngaping jamaah minangka tamu Allah SWT luyu jeung ajaran Rasulullah.

Zein Tour teh perenahna di Jalan Raya Cihanjuang, Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Ieu lembaga perjalanan haji jeung umroh nu geus meh leuwih ti 10 taun ngadeg teh dipupuhuan ku H. Jenal Abidin S.H.I, tur geus meunang akreditasi ti Direktorat Bina Umrah dan Haji Khusus Kemenag RI.

Baca Juga: Dipingpin Kapolres Majalengkla, Rapat Koordinasi Mapag Pemilu 2024, sangkan Luber Jurdil

Dina sabulanna, rata-rata Zein Tour miangkeun 3 kali rombongan jamaah umroh, sarombongan diwengku kira 40 jamaah.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x