Ketak Zein Tour Ngaping Tamu Allah nu Munggah Haji jeung Umroh Didasaran Katulusan

- 15 Februari 2023, 14:10 WIB
Jamaah umroh nu diaping ku Zein Tour, waktu di Tanah Suci, ahir November 2022/Dok. Syihabudin Mahmud
Jamaah umroh nu diaping ku Zein Tour, waktu di Tanah Suci, ahir November 2022/Dok. Syihabudin Mahmud /

Kalawan didasaran katulusan, prak-prakan ngaping jamaah bari makihikeun suluk 5 Pasti : Pasti Travelnya, Pasti Jadwalnya, Pasti Terbangnya, Pasti Hotelnya, tur Pasti Visanya.

Lian ti umroh reguler, Zein Tour ge ngayakeun umroh husus saperti Umroh Ramadhan, Umroh Nuzulul Qur'an, Umroh Idul Fitri, katut Umroh Syawal.

Baca Juga: Putri Anjungsari (28), Kuda geus Lalempo, Lalampahan Jauh Keneh, Aya nu Mere Tanda ku Haseup

Ngaping jamaah umroh reguler, umroh plus, haji husus, sarta haji husus furoda, dibarengan ku parapembimbing nu mundel ku pangalaman jeung elmuna bab ibadah.

Eta parapembimbing teh teu weleh rancingeus ngaping jamaah, boh ti keur aras-urus kalengkepan dokumen boh manasik, turta sabot ibadah haji atawa umroh di Tanah Suci.

Waktu dikolongan, Rebo 15 Februari 2023, Ustadz H. Syihabudin Mahmud, pangurus Majelis Ulama Indonesia (MUI) Desa Cihanjuang, ngeceskeun, ketak panglayan Zein Tour mungguh numuwuhkeun katumaninahan jamaah nu matak ibadah jadi leuwih husu.

Baca Juga: H. Yanto : Ulah Hariwang Aula Kantor Pemerintah Desa Dipake Reses

"Alhamdulillah, ti mimiti aras-urus dokumen, manasik, akomodasi di Mekah tur Madinah, tug tepi ka palaksanaan ibadah umroh, ketak Zein Tour mungguh karasa kasampurnaanana, ibadah di Tanah Suci jadi bisa leuwih husu," pok H. Syihabudin Mahmud, nu miang umroh ahir bulan November 2022. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah