Wagub Jabar Uu Ruzhanul Ulum Ngaroris Situ Bagendit sabada Direvitalisasi : Omat Ulah Diangge Masiat

- 14 Februari 2023, 16:30 WIB
Wakil Gubernur Jawa Barat Uu Ruzhanul Ulum ngaroris Situ Bagendi di Garut sabawa direvitalisasi/Galura/Aam Permana S
Wakil Gubernur Jawa Barat Uu Ruzhanul Ulum ngaroris Situ Bagendi di Garut sabawa direvitalisasi/Galura/Aam Permana S /

GALURA - Sabada direvitalisasi, obyek wisata Situ Bagendit sawadina bisa ngaronjatkeun jumlah wisatawan nu daratang.

Ku cara kitu, pagasilan obyek wisata Situ Bagendit jeung warga sabudeureun nu arusaha ngamangpatkeun tempat wisata jadi undak.

Eta teh harepan Wakil Gubernur Jawa Barat Uu Ruzhanul Ulum nalika ngaroris Situ Bagendit di Banyuresmi, Garut, sabada direvitalisasi, Senen 13 Pebruari 2023 kamari.

Baca Juga: Simulasi Nyanghareupan Bencana Alam keur Budak Sakola Digelar di Garut

Baca Juga: SMK Mekarmukti Cijayana Garut Boga Toko Dingaranan SMK Mart, Ieu Harepan Wakil Bupati Helmi Budiman

Baca Juga: 442 Rutilahu di Garut Baris Meunang Stimulan nu Gedena Rp 17,5 juta, dina Raraga Hari Jadi ka-210 Kota Intan

Samemehna, Situ Bagendit teh diropea dihade-hade kalawan waragad ti Provinsi Jawa Barat, ecesna ti Dinas Pariwisata dan Kebudayaan.

 

Wakil Gubernur Jawa Barat netalakeun, revitalisasi teh sawadina bisa ngarobah Situ Bagendit jadi tunamaninah, teu pikarujiteun alias pikaresepeun kalawan fasilitasna merenah.

"Sawatara tempat wisata nu ku simkuring didongdon sabada revatilsasi, aya pangasilan margi nu ngadongdonnna seueur. Naha nu ngadongdonna seueur margi aya fasilitas," pokna.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x