TPPAS Legok Nangka Ngagantung Keneh, Can Aya Pausaahaan nu Meunang Tender

30 Januari 2023, 09:30 WIB
TPPAS Legok Nangka di Nagreg Kabupaten Bandung, tepi ka aya can difungsikeun. (Foto: galamedianews.com). /

GALURA -Keur miceun runtah, nu disebut Tempat Pengelohan & Pemroresan Akhir Sampah (TPPAS) Legok Nangka, di Nagreg Kabupaten Bandung tepi ka kiwari ngagantung keneh. Ari sarana prasarana mah ti jaman Ahmad Heryawan oge geus rengse.

TPPAS Legok Nangka bisa dipake teh nu jadi alesanana, lantaran pausahaan nu baris ngokolakeunana tacan pasti. "Tepi ka kiwari can puguh, saha nu baris meunang tenderna, " ceuk Anggota Komisi IV DPRD Jabar, Daddy Rohanady, di rohangan gawena.

Ceuk Daddy, keur saheulaanan miceun runtah baris angger di TPA Sarimukti. Ngan, nu jadi masalahna, di TPA Sarimukti, runtahna geus ngahunyud pisan. Geus ngagunung tepika mucuk. Geus diluar batas toleransi.

Baca Juga: Pikeun Ngaronjatkeun Pangladen ka Warga, RSUD Kota Bandung Waragadna Rp 516 Miliar

"Nya, kumaha deui, taya tempat sejen keur alternatif, tepi ka ayeuna can aya nu meunang tender di Legok Nangka, nya wayahna heula di Sarimukti," pokna.

Daddy miharep, pamarentah sagancangna nimu jeung mutuskeun pausahaan nu meunang tender, pikeun ngokolakeun TPPAS Legok Nangka.

"Syukur mun pausahaan nu meunang tender teh warga bangsa keneh. Sabab, mun tender dimeunangkeun ku pausahaan ti luar negeri mah, biayana mahal," pokna

Nyambungkeun caritaanna, Daddy negeskeun, mun pausahaan ti jero nagara mah, leuwih gampang ngontrolna. Cindekna mah, sing saha wae ge nu meunang tender, ceuk Daddy, sagancangna prak digawe, lantaran urang butuh ku tempat keur pamiceunan runtah

Baca Juga: Ngungkulan Inflasi, Ridho : Kudu Titen Nyumponan Kabutuh Pangan

Mairan, Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, ngeceskeun, taun 2023 ayeuna nu meunang tender sagancangna baris dibewarakeun. "Urang sararea, memang miharep Legok Nangka, gancang dipungsikeun," pokna.

Ngan, ceuk Emil, nenehna RK, kulantaran can pasti pausahaan mana nu baris ngokolakeun TPPAS Legok Nangka. TPA Sarimukti keur saheulaanan dipake deui keur solusi pamiceunann runtah warga masarakat Bandung Raya jeung sabudeureunna.

Luyu jeung jadwal, TPA Sarimukti baris digunakeun tepi ka taun 2024. Ngan, cenah, mun geus aya nu ngokolakeunna mah, TPPAS Legok Nangka bisa wae langsung digunakeun.

"Optimistis lah, TPPAS Legok Nangka baris jadi solusi keur ngungkulan runtah. Fungsina ge lain ukur jadi tempat pamiceunan, tapi baris jadi sumber energi listrik nu bahanna tina olahan runtah nu bisa dimangfaatkeun ku sakumna masarakat," ceuk Emil.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler