Urang Kanekes Lebak Banten Nyicingan Pagunungan Kendeng

5 Maret 2023, 12:00 WIB
Leuit di Kanekes atawa Baduy. Urang Kanekes nyicingan Pagunungan Kendeng (Foto: Dinas Pariwisata Provinsi Banten /Nanang S/Galura

GALURA -Tempat dumuk masarakat nu ku urang luar disebut Baduy téh ngaranna Kanekes. Dina administrasi pamaréntahan diasupkeun ka Desa Kanekes, Kecamatan Leuwidamar, Kabupatén Lebak, Proponsi Banten. Urang Kanekes, nyicingan Pagunungan Kendeng.

Pagunungan Kendeng nu ngembat panjang di Kecanatan Leuwidamar Kabupaten Lebak mah, malah di Provinsi Banten kaasup nu kapiara leuweungna teh. Urang Kanekes toweksa pisan dina ngarumat leuweung.

Ti Jakarta ka Kanekes di Pagunungan Kendeng anggangna moal kurang ti 175 kilométér, ti Kota Rangkasbitung, puseur dayeuh Kabupatén Lebak mah kira-kira 75 kilométer, jeung ti puseur dayeuh Kecamatan Leuwidamar moal kurang ti 7 kilométer. Legana Desa Kanekes 5.102 héktar.

Baca Juga: Riksa Budaya Sunda 2023: Budaya Nyambuang, Sunda Koncara!

Anu rék ngajugjug ka Desa Kanekes umumna ti Ciboleger, kampung nu kabawah ka Désa Ménténg, tatangga Désa Kanékés. Di Cibolégér ti taun 1970-an mula geus diadegkeun pasar, éta téh dumasar usul Yudhistira K. Garna, antropolog ti Unpad Bandung nu disertasi doktorna ngeunaan kahirupan masarakat Kanekes.

Tepi ka danget ieu, urang Kanékés, kaasup nu cicing di Panamping masih ngéstokeun tatali karuhun, ngéstokeun buyut, kapamalian, atawa pantrangan. Acara ritual adat masih tetep dilaksanakeun.

Cikeusik, Cikertawana, jeung Cibéo nu tiluanan disebut daérah Tangtu, masih kénéh boga simaan jeung pangaruhna puunna (ketua adatna) gedé kénéh. Uranng Panamping kabeh oge tunduk ka puun.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler