Layang Salaka Domas ti Jagat Jabaning Langit

- 27 Februari 2023, 13:30 WIB
Situs Gunung Padang di Kabupaten Cianjur.  Agama Sunda Pajajaran mibanda Kitab Suci Layang Salaka Domas meunang mawa ti Jagat Jabaning  Langit.
Situs Gunung Padang di Kabupaten Cianjur. Agama Sunda Pajajaran mibanda Kitab Suci Layang Salaka Domas meunang mawa ti Jagat Jabaning Langit. /

 

GALURA -Dina Pantun Bogor episode “ Tunggul Kawung Bijil Sirung “diterangkeun anu mimiti nyebarkeun agama Sunda Pajajaran meunang jujuluk “ Mundi Ing Laya Hadi Kusumah “ sanggeus inyana mawa Layang Salaka Domas ti “ Jagat Jabaning Langit “.

Layang Salaka Domas meunang ngala ti Jagat Jabaning Langit teh Kitab suci 800 ayat (The Holy Scripture Of Eight Hundred Verses ) anu eusi ajaran hirup manusia ti mimiti gubrag ka alam dunya (sambawa), dewasa nepika kolot (sambada), tilar sarta asup ka alam lain: alam hyang (winasa).

Kumaha eusina tiap ayat dina tilu kitab Sunda Layang Salaka Domas meunang mawa ti Jagat Jabaning Langit, Sambawa, Sambada jeung Winaseta teh?

Tepi ka ka ayeuna masih dirusiahkeun ku urang Baduy. Atawa bisa jadi di Baduy oge geus sirna eta ajaran teh, paling henteu geus teu arapaleun sacara gembleng.

Baca Juga: Anis Jatisunda: Dina Agama Sunda Pajajaran Aya Sadat Sunda

Dina jaman Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja) kitab-kitab suci tadi biasana dibaca dina suasana jempling, tingtrim tur jauh tina karamean dunya. Ari resmina tradisi maca kitab suci digelar dina puncakna upacara Kuwera Bakti di Balay Pamunjungan Kihara Hiyang.

Digelarna di tengah lapang ti peuting waktu bulan purnama, kalayan dicaangan ku obor “damar sewu” nu ngajajar ngabarakbak caang. Anu macana Brahmesta pendeta agung nagara.

Isukna isuk-isuk kitab Sambawa, Sambada jeung Winasa diarak dina “ Jampana Niskala Wastu “ dikurilingkeun di Balay Pamunjungan.

Laju dibawa ka kompleks Karaton Pakuan sarta diteundeun deui di tempatna. Mun tea mah naskahna kapanggih, bakal ngabeungharana kana sajarah Sunda.*** Luki M

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x