Riksa Budaya Sunda 2023: Budaya Nyambuang, Sunda Koncara!

- 5 Maret 2023, 07:26 WIB
Dr. Dede Kosasih, M.Pd. ngawakilan Ketua Prodi Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI Bandung, Dr. H. Ruhaliah, M.Hum., muka kagiatan “Riksa Budaya Sunda 2023” di Gedung Amphiteater UPI Bandung, 1 Maret 2023.*
Dr. Dede Kosasih, M.Pd. ngawakilan Ketua Prodi Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI Bandung, Dr. H. Ruhaliah, M.Hum., muka kagiatan “Riksa Budaya Sunda 2023” di Gedung Amphiteater UPI Bandung, 1 Maret 2023.* /Ist/PBSS UPI/

GALURA - Riksa Budaya Sunda (RBS) mangrupa salasahiji program taunan nu diayakeun ku Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda – Universitas Pendidikan Indonesia (Hima Pensatrada UPI) Bandung. Jejer RBS taun 2023 ieu nyaéta “Budaya Nyambuang, Sunda Koncara”, ogé miboga maskot ciri has nu ngaranna Rino, badak cula hiji nu ngawakilan wewengkon Jawa Barat jeung Banten.

Lian ti éta, baju Rino téh unggal taunna béda-béda. Taun ayeuna mah Rino maké batik ganasan warna beureum nu miboga harti wani nanjeurkeun ajén-inajén kasundaan.

RBS 2023 diayakeun sacara luring di Gedung Amphiteater UPI Bandung, 1-3 Maret 2023. Kagiatanana mangrupa Pasanggiri Basa Sunda tingkat SMP jeung SMA satata sa-Jawa Barat jeung Banten, pintonan kasenian, rupa-rupa kaulinan barudak jeung bazar.

Baca Juga: Basa Indung jeung Média Sunda, teu Bisa Lésot tina Kahirupan Masarakatna

Ari pasanggirina ngawengku maca sajak, kaligrafi aksara Sunda, tembang atikan, vlog budaya, jeung video pangajaran. Tangtuna para pinunjul dilélér hadiah uang pembinaan, batik ganasan, jeung husus pikeun pinunjul favorit tembang atikan aya doorprize waditra.

Nurutkeun pupuhu calagara, Muhammad Miqdad, ieu acara diayakeun pikeun ngariksa jeung ngamumulé budaya Sunda tina widang atikan ku cara ngayakeun rupa-rupa pasanggiri jeung rupa-rupa pintonan. Komo deui dina pasanggiri vlog budaya, pamilon ngawanohkeun jeung medar kabudayaan anu aya tina tujuh unsur kabudayaan.

“Ngalangkungan RBS 2023, sim kuring miharep sangkan budaya Sunda bisa katepikeun ka generasi anyar, tur bisa leuwih kakoncara deui,” ceuk Muhammad Miqdad.*** Refina/Anisa Putri/PBSS UPI

Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x