Gunung Galuh Ciamis, Tempat Ngabungbang Bupati Ciamis Jaman Baheula, Ayeuna Dipopohokeun

21 Januari 2023, 20:00 WIB
DIna mieling pindahna puseur Kabupaten Galuh ti Cineam ka Imbanagara, unggal 12 Juni, Bupati Ciamis sok jaroh ka makam para bupati Galuh.* /

GALURA -Gunung Galuh pernah di Kampung Gunung Yasa, Kelurahan Sindangrasa, Kecamatan Ciamis, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.

Masarakat teu apaleun pangna ieu pasir disebut Gunung Galuh. Ti baheula oge sakanyaho warga geus disebut Gunung Galuh.

Ceuk warga deui, Gunung Galuh teh boga harti nu mandiri keur masarakat sabeudeureunana.

Tina kituna Bupati ka-15 Ciamis, Raden Adipati Adikusuma nu jeneng bupati lilana 20 taun, ti taun 1819 tepi ka taun 1839, teu weleh ngagelar acara ritual ngabungbang sataun sakali, unggal tanggal 14 Mulud.

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

R. Adipati Adikusuma dikureb¬keunana oge di Gunung Galuh. Lian ti R. Adipati Adikusuma, penasehat hukumna, Eyang Syeh Kiai Bagus Satariah, oge dikurebkeunana di Gunung Galuh.

Ku kituna Gunung Galuh tambah ‘simaan’, boh R. Adipati Adikusuma boh Kiai Bagus Satariah teh tokoh penting dina jamanna.

Dina sajarah Kabupaten Ciamis, R. Adipati Adikusuma teh kacatet salahsahiji bupati nu gede jasana keur masarakat.

Adipati Adikusuma teh bupati nu ngutamakeun karukunan, kasatuan, kaadilan jeung karaharjaan masarakat, anu diutamakeunana kapentingan masarakat, lain kapentingan pajabat atawa pribadi.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

R. Adipati Adikusuma, dibantuan ku Eyang Syeh Kiai Bagus Satariah, naratas nyusun adminitrasi kanagaraan. Nyadiakeun sawah kalungguhan keur kapala desa jeung aparat desa sejenna, nyieun iragasi keur nyaiaan sa-wah jeung balong.

Anu ngahijikeun Kabupaten Panjalu jeung Kawali oge Adipati Adikusuma.

Memeh taun 1820, Panjalu jeung Kawali teh pamarentahan kabupaten. Ku R. Adipati Adiku¬su¬ma, Panjalu jeung Kawali dirobah jadi kawadanaan sarta jadi bawahan Kabupaten Galuh.

Diro¬bahna Panjalu jeung Kawali dibantuan ku Eyang Syeh Kiai Bagus Satariah, nu jadi panesehat Bu¬pati, hususna dina widang hu¬kum.

Anu ditaratas ku R. Adipati Adikusuma teh diteruskeun ku putrana, Kusuma Diningrat nu makamna di Jambansari Ciamis.

Baca Juga: Ngaran Bangunan jeung Tempat di Sunda,  Dumasar kana Kaayaan Bangunana atawa Tempatna

Jasa Kusuma Diningrat di antarana bangunan pendopo nu ayeuna dipake Gedung DPRD Ciamis, Masjid Agung Bandung, Alun-Alun Ciamis nu ayeuna disebut Taman Rafflesia jeung bendungan Nagawiru.

Ari Eyang Syeh Kiai Bagus Satariah, kajaba ti jadi penasehat hukum R. Adipati Kusuma, oge nyebarkeun Tarekat Satariah di wewengkon Kabupaten Ciamis.

Inyana asalna ti Kasultanan Cirebon nu saterasna netep di Ciamis. Makamna gigireun makam R. Adipati Kusuma sarta mindeng dijarahan.

Lelewek makam nu legana kurang leuwih 4 hektar teh geus dibebenah. Jalan nu ngajugjug Gunung Galuh dilegaan. Di sisi wetan anu tapel watesna jeung imah warga dipageur.

Ti lebah kidulna lian ti keur tempat parkir, di lawang asup bakal djieun gapura. Jalan nu nanjak nu ngajugjug makam, bakal ditangga nu jumlahna 20 tangga, nandakeun, R. Adipati Kusuma jadi bupati Galuh lilana 20 taun.

Baca Juga: Ci Manuk Kuring, Ci Manuk Dikakaya, Tinggal Hariringna

Kungsi aya rarancang di lelewek Gunung Galuh bakal diadegkeun musola jeung pasantren. Ngaran pasantrenna diluyukeun jeung ngaran R. Adipati Kusuma.

Ceuk warga masing kumaha wae oge, R. Adipati Kusuma jeung Eyang Syeh Kiai Bagus Satariah teu bisa dipisahkeun jeung sejarah kamekaran Kabupaten Ciamis.

Babakuna lebah ngabungbang, kudu dibudayakeun lantaran udaganana keur nyucikeun diri. Gunung Galuh moal dikomersilkeun, nu jarah moal dipulut karcis.

Warga teu werat ngabisniskeun Gunung Galuh teh. Lelewek Gunung Galuh kudu diwanohkeun ka masarakat, jasa-jasa R. Adipati Kusuma kudu dipatrikeun. kudu diiajdikeun conto ku nu manggung.

Bisa jadi di Gunung Galuh rea keneh titinggal sajarah nu tacan kakali. Saha nu nyaho di Gunung Galuh aya titinggal sajarah nu leuwih heubeul sarta bisa mere sumbangan keur leunjeuran sajarah di Tatar Sunda umumna jeung di Tatar Galuh hususna.

Gunung Galuh bisa jadi kareueus masarakat Ciamis
Jaman R. Adipati Adikusuma jumeneng keneh jeung waktu jadi bupati Ciamis, di Gunung Galuh sok diayakeun acara ritual ngabungbang.

Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

Tradisi ngabungbang dilaksanakeun unggal tanggal 14 Mulud. Maksud ngabungbang teh miceun rereged nu aya diri, babakuna rereged hate. Teu somahan teu menak kabeh tumplek ka Gunung Galuh.

Tempat nyucina atawa tempat mandina di cinyusu lebakeun makam R. Adipati Adikusuma ayeuna. Kabeh marandi di dinya peuting-peuting, beres mandi terus warudu.

Ti dinya mah bareng tawasulan tepi ka subuh. Reres solat subuh diayakeun sunatan massal, utamana barudak ti kulawarga kurang mampu.

Waragad keur sunatan masal teh kabeh oge ti bupati. Ayeuna oge dina acara hari jadi Kabupaten Ciamis, ari sunatan masal mah aya keneh, ngan ngabungbang mah geus tara dilaksanakeun.

Pangna kitu lantaran anu biasa mingpin ngabungbang geus tilar dunya sarta euweuh gantina.

Baca Juga: Tradisi Nyadap, Ogoanana Tangkal Kawung, mun Pundung Teu Beunang Diolo

Eta oge, nu ngabungbang jeung tawasulan di pasarean R. Adipati Adikusuma masih keneh aya, ngan sipatna pribadi nyaeta nu keur jarah.

Masarakat nu dumuk di sabeudeureun Gunung Galuh ngaharepkeun ngabungbang teh dihirupkeun deui nu diluuhan ku pajabat sareng masarakat Ciamis.

Ku cara ngabungbang urang teu poho kana sejarah Ciamis jeung urang digeuing sangkan ngajaga ucap jeung laku.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler