Sony Riza Windyagiri, S.Sn., ti Leuleutik Dalit jeung Kasenian Sunda

18 Juni 2024, 17:40 WIB
Sony Riza Windyagiri, S.Sn.* /Cecep KS/Glr/

GALURA.CO.ID. - Mun keur manggung, sorana nu halimpu matak gantung déngéeun. Nu lalajo kasirep ku galindengna sora nu nembang, Sonny Riza Windyagiri, S.Sn.

Sonny, nu kiwari umurna 30 taun, mampuh méré mamanis kana eusining lagu, nada larasna téh merenah pisan luyu jeung irama tandak adumanis jeung pirigan kacapi indung, kacapi rincik katut suling.

Pasosoré, Jumaah (07/06/2024), reres salat Maghrib, Sonny ngurunyung ka  Galura. “Badé ngeusi acara di PRFM, ka dieu heula nepangan, nohonan jangji badé wawancara téa bari ngantosan Bu Ida nu masih di perjalanan,” ceuk ieu carogé Fitriani Santikawati, guru SMPN Balééndah nu geus batian budak hiji téh. Nu dimaksud Bu Ida ku Sony taya lian juru kawih Ida Rosida, putra seniman karawitan Mang Koko nu legendaris di Tatar Sunda.

Munggaran nu dicaritakeun ku Sonny téh medar rinéka sora dina budaya Sunda. “Urang Sunda mah beunghar ku rinéka budaya sora, béda jeung urang Jawa. Di Jawa mah budaya sora téh ukur tembang wungkul. Di Sunda mah aya kawih, aya pop sunda, aya pasindénan, aya sekar padalangan,” ceuk ieu Juara I Pasanggiri Kawih Sunda tingkat Jabar (2013) téh.

Baca Juga: Kapolri: Idul Adha Pamiangan Ngajaga Toleransi

Paréndéné kitu, ceuk ieu Juara I Vocalis Calung tingkat Jabar (2014) téh, katingali, ka ayeunakeun mah kahirupan seni sora Sunda téh kurang pangrojong ti pamaréntah daérah, boh bupati, boh walikota tepi ka gubernur. Jauh béda mangsa dirina keur budak, jaman nutur-nutur nu jadi uwana, Mamah Dasimah, kawentar juru kawih Sasaka Domas.

 

Waktu Mamah Dasimah ngeusi acara Panglawungan Tembang Sunda di Balaikota atawa di Pendopo Kabupatén, katangen para pangagung téh saruka  bungah, reureuh tina mancén gawé, dihibur ku galindengna sora Mamah Dasimah. Tandaning, mangsa harita, kahirupan tembang jeung kawih Sunda kacida hirupna, diajénan  ku pangagung. Acara Panglawungan téh harita mah nyangkaruk dina ati sanubari para pejabat. Nu matak, harita mah sual dana keur pagelaran seni tradisi Sunda nu kumaha waé, henteu hésé, pangagung pada ngarojong, sur-sor méré dana keur lumangsungna pintonan seni Sunda.

Kumaha ari kaayaan kiwari? Mungguh matak pikasediheun. Kiwari, nu ngaranna tembang Sunda Cianjuran ukur hirup di sanggar-sanggar nu leutik, di lingkungan SMKN 10 (baheula Sekolah Menengah Karawitan Indonesia/SMKI) jeung di lingkungan kampus Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI). “Matak ngenes puguh gé,” ceuk Sony.

Baca Juga: Bupati Bandung Sholat Idul Adha di Masjid Al-Fathu, Qurban di Lembur jeung di Rumdin

Pejabat kiwari mah, katangen kurang perhatian kana kahirupan seni tradisi téh. “Punten, sanés ngagulkeun pun bapa, jaman mancén Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jabar, Pasanggiri Tembang Sunda nu diayakeun ku Damas atawa pasanggiri seni Sunda nu sanésna teu weléh dirojong, dimodalan, pinunjulna gé dipasihan hadiah nu kawilang ageung,” pokna.

Teu ngabibisani, ceuk ieu putra Kadisparbud Jabar manten, Drs. H. Nunung Sobari, MM, téh, nu jadi bapana mibanda kasang tukang seniman ogé. Keur ngorana, bapana téh kaceluk salasaurang seniman Sunda petingan, remen milu manggung dina muhibah seni tradisi Sunda ka mancanagara. Da puguh kasangtukang sakolana gé ti SMKI. Nu jadi bapana tapis nabeuh sawatara waditra musik Sunda, boh kacapi, boh suling, gamelan, jeung sajabana. Geus jadi birokrat mah, cenah, aktivitas berkesenian rada ngurangan, kasengker ku kasibukan salaku pejabat. Ari kacinta jeung ngarojong kana acara kasenian Sunda mah henteu kendor, dipastikeun daria pisan rojonganna. Kagiatan kasenian nu kumaha waé modélna teu weléh dipupujuhkeun pisan.

Tapi, saenyana, mupujuhkeun kahirupan jeung kamekaran seni tradisi Sunda, teu kudu waé ti birokrat nu ngabogaan kasangtukang seni atawa seniman. Ari nyaah jeung cinta kana seni tradisi mah, milu haat hayang miara, der wé ulah kahalangan ku status sosial, atawa status jabatan, atawa pikiran séjén. “Komo, leuwih hadé boga kalungguhan, kawijakanna di antarana dipaké keur miara lumangsungna kahirupan seni tradisi,” ceuk Sonny deui.

Baca Juga: Hawa Halodo Mimiti Karasa, Cai Ngorotan, Polrés Kuningan Ngabangun Sumur Bor

 

Pangrojong ti kulawarga

Ti umur opat taun, Sonny geus jejem diajar neuleuman seni Sunda. Nu matak, ti mangsa sakola di SDN Manggahang, SMP Negeri Balééndah, Sonny remen dilélér juara pasanggiri tembang Sunda, tembang pupuh atawa kawih. Munasabah, réngsé sakola téh hayang nuluykeun ka SMKI, neruskeun tapak lacak sakola indung-bapana.

Kabeneran deuih, nu jadi akina kawentar ahli seni, ngajarna gé di SMKI. Pa Tosin Muhtar  nu kawentar ahli kendang, pituin akina ti nu jadi indungna. Atuh, Pa Adis Sukarma, akina ti nu jadi bapana. Pa Adis, méméh mancén guru di SMKI Bandung, kungsi mancén tugas heula di SMKI Surakarta, Solo, Jawa Tengah. 

Di SMKI Bandung, Pa Adis, ngajar rebab, degung, jeung gamelan. Ari Pa Tosin Muhtar mah spéasialis ngajar nepak kendang. Nu jadi indungna, Nénéng Darmawati, alumni jurusan Seni Tari SMKI Bandung, sedengkeun bapana jurusan Karawitan.

Ku kolotna dicaram asup ka SMKI Bandung, pédah ku langka tepung jeung nu jadi kolotna nu harita geus cepeng Kepala Taman Mini Indonesia. Rada melang, cenah,  mun sakola di SMKI, kudu kos, inggis kabawakeun gaul teu puguh. Ari didugdag saban poé ka sakola, kawilang jauh da imahna di Balééndah.

Pamustungan, asup wé ka SMA Negeri Balééndah. Di éta SMA, kokojayan dina seni tembang Sunda jeung ngasakkeun kamahéran nabeuh saniskara waditra Sunda. ”Nuju di SMA, abdi munggaran ngiring muhibah seni Sunda ka luar negeri téh, ngawitan ka Abudabi, Dubai,” pokna reueus.

Baca Juga: Maluruh Parigi Kawali. Benteng Puseur Dayeuh Karajaan Sunda Galuh

Lain waé ka Abudabi, keur di SMA Negeri Balééndah, diajak ogé mintonkeun kabisana dina tembang Sunda, ibing, jeung nabeuh waditra Sunda, di India jeung Australia. Mareng kuliah di Jurusan Karawitan ISBI Bandung, Sonny kabiruyungan miang deui ka mancanagara, acara pariwisata jeung paméran budaya di Afrika Selatan.

Di Afrika, lian ti ngawanohkeun pariwisata Jabar jeung wisata sakuliah Indonesia, Sonny gé dipentés kabisana dina tembang jeung ibing Sunda. Samalah, keur mancén Muhibah Budaya ISBI Bandung ka Amerika Serikat, di sawatara kota, pintonan rinéka seni, Sonny diperedih ngahaleuang tembang Sunda duét jeung dosénna, Ibu Masyuning.  “Pangalaman nu kawilang istiméwa, pakupis harita mah, lalakon taun 2014,” pokna.

Inget taun 2014 indit ka Amerika, lantaran basa harita inyana manggung ka Amerika, indung-bapana keur ngalaksanakeun ibadah haji ka Tanah Suci, Makkah. “Janten, sono ka sepuh téh, harita mah komunikasina liwat BBM,” pokna.  

Munggaran nu ngipuk bakat senina téh kapilanceukna, Dody, jeung nu jadi uwana, Mamah Dasimah katut carogéna, Didin Bajuri. Disipuh ogé ku emangna, Mang Jaya nu ngatik nabeuh kacapi jeung kapilanceuk nu séjénna, Isma, husus diajar nembang. Ari nu munggaran ngatik kana seni mah, bapana pituin.

Ngan, nya kitu, ari diajar seni Sunda jeung nu jadi kolotna mah, lain mahér kalah ka sok ngadon hog-hag, katambah kasibukan bapana nu harita geus dijungjung lungguh jadi Kepala Taman Budaya Jawa Barat di Dago, Bandung. Atuh ngatik budakna rada kaluli-luli. Antukna, ku kolotna dijurung ka seniman Sunda séjénna.

Baca Juga: Situ Cisanti, Mastaka Citarum di Pakidulan Bandung

“Lintang ti sepuh sareng kulawarga, ancrub kana seni téh kainspirasian ogé ku salasaurang  dosén simkuring, Bapa Lili Suparli, Ketua Jurusan Karawitan di ISBI Bandung. Anjeunna saé pisan dina nabeuh kendang sareng rebabna, ogé ibing dugi ka ngabodorna, matak pikaseurieun,” ceuk Sony nu sapopoéna Guru SMKN 10 Bandung.

Ti Lili Suparli, Sony meunang papagah, jadi seniman mah ulah sagala bisa tapi kudu loba kanyaho. Papagah éta nu ngajurung Sony hirup rapékan, sagala rinéka seni Sunda diteuleuman, haleuang tembang jeung nyipta laguna, nabeuh kendang, kacapi, rebab, gamelan tepi ka bisana.

Dina Pasanggiri Tembang Sunda nu diayakeun ku Damas taun 2024, Sony dilélér Juara Kahiji. Patandang séjénna ti Kabupatén Bandung, sarua deuih aya nu dilélér juara. Alhasil, patandang ti Kabupatén Bandung, dilélér Juara Umum. Ngéléhkeun Cianjur nu salila ieu katotol puseurna tembang Sunda Cianjuran.

Kumaha ari kétak masarakat kana seni tradisi Sunda? Giak dijawab,
masarakat mah kumaha nu mawa, pamaréntah remen ngayakeun pasanggiri atawa panglawungan rinéka seni tradisi Sunda, tangtuna masarakat  baris ngarojong, baris ngaluuhan éta acara/kagiatan.

Baca Juga: Rembug Bedas, Warga Desa Pulosari Pangalengan Kabupaten Bandung Hayangeun SMAN

“Simkuring kataji, ka ayeunakeun pangusaha swasta, pangusaha roko, boh di hotél boh di tempat séjénna, tos katembong ngayakeun pintonan seni tradisi,” pokna deui. Jadi, ceuk Sony, ari nyaritakeun giakna masarakat kana seni tradisi Sunda, kumaha disurungkeunana ku pamaréntah.

Miara, mikameumeut seni tradisi, éta bisa ditarjamahkeun wujud Ketahanan Budaya. Di lingkungan sakola, boh SD, boh SMP atawa SMA jeung sakola nu sajajar, wajib diajar seni, éta hartina wujud Ketahanan Budaya. “Ketahanan budaya diangkat ku pamaréntah, da rék negeri atawa swasta, ujungna kendali aya di pamaréntah,” pokna.

Nu dihanjakalkeun ku Sony, ngangkat Guru P3K, lolongkrangna diheureutan, dihijikeun slotna. “Guru Basa Sunda, Guru Prakarya, Guru Seni Budaya, dihijikeun, lolongkrangna diheureutan, kacipta kumaha cara ngajarna,” ceuk ieu mahasiswa S2 Jurusan Penciptaan Seni di ISBI Bandung, nu kiwari pindah jurusan ka Prodi Pengkajian Seni Kawih.  

Ngeusi Talk Show di PRFM, ngaguar karya Mang Koko Koswara. “Simkuring mah hayang panggih sareng jirimna Mang Koko, tokoh religius, wartawan, budayawan, do’a-do’ana ngalangkungan karya ciptana seueur nu dikabul ku Nu Maha Kawasa. Mang Koko, seniman nu kalintang istiméwana,” pokna.***

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler