Lingkung Seni Sunda (LSS) ITB, Aya keneh Kitu Ayeuna?

- 6 Juni 2024, 15:42 WIB
Kagiatan LSS ITB taun 2011 (foto: ITB).
Kagiatan LSS ITB taun 2011 (foto: ITB). /


GALURA.CO.ID -Lingkung Seni Sunda (LSS) Institut Teknologi Bandung (ITB) ngadeg tanggal 15 April 1971 kalawan dirojong ku Rektor ITB harita Doddy Tisna Amijaya nu memang asli urang Sunda.

Udagan diadegkeunana LSS ITB ayana sarana geusan miara budaya Sunda di lingkungan ITB sarta ngamekarkeun kamotekaran seni Sunda.

Mahasiswa nu oge mokalan ngadegna LSS ITB teh antarana Sujana Wirakusumah, Jajoen Wahyu, sarta Rastihat. Kasenian jadi alternatif pikeun mahasiswa ngamalirkeun potensi jeung bakatna.
LSS ITB lain wae nyoko kana kasenian Sunda, tapi oge hal sejenna.

Pangna kitu, sabab budaya Sunda teu bisa leupas tina widang lianna, saperti kaorganisasian, sosial, pulitik, jeung ekonomi, jeung sajabana.

Ari kagiatan maneuhna mah aya latihan, pinton kasenian, sarta apresiasi seni, boh hasil garapan LSS ITB boh ti komunoitas sejenna. Mintonna lian ukur di kampus,tapi oge sok di luareun kampus.
Najan ieu UKM teh ancrub dina widang kasenian Sunda jeung umumna budaya Sunda, anggotana lain wae urang Sunda, tapi oge teu saeutik nu lain urang Sunda.

Bareto mah LSS ITB remen ngayakeun acara nu kawilang badag, antarana wae pasanggiri rampak sekar tingkat SD/SMP/SMA sajawa Barat, jeung pagelaran kasenian.

Rupaning kagiatan nu digelar teh dipiharep mingkin numuwuhkeun rasa micinta seni budaya Sunda, lian ti ngawadahan inovasi ngamekarkeun kamotekaran seni jeung budaya.

LSS ITB ge jadi sarana kaderisasi jeung regenerasi, kalawan ngayakeun Program Mimitran Anyar (PMA). Jumlah anggota LSS ITB saeutik pisan dibandingkeun jeung jumlah sagemblengna mahasiswa ITB.

Bareto mah remen meunang ondangan minton, boh di kampus boh di luareun kampus. Lian ti neuleuman rupa-rupa kasenian Sunda, anggota LSS ITB ge neuleuman palasapah-palasapah budaya Sunda.

Ku kituna dipiharep, lian ti maher maenkeun atawa mintonkeun seni Sunda, anggota LSS ITB paham tur leuwih wanoh kana ajen-inajenna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah