Salian ti Unit Kegiatan Mahasiswa (UKM), LSS ITB wadah keur ngamalirkeun bakat mahasiswa tur sarana kaderisasi jeung regenerasi geusan ngagumelarkeun insan-insan nu micinta seni budaya Sunda.
Kumaha ayeuna kagiatan LSS ITB di satengahing mahasiswa dikudukeun rengse kuliah ulah leuwih ti opat taun? Naha kaburu keneh anggota LSS ITB latihan kasenian jeung neuleuman budaya Sunda?***