Maluruh Parigi Kawali. Benteng Puseur Dayeuh Karajaan Sunda Galuh

- 16 Juni 2024, 10:00 WIB
Batu Lingga di Astana Gede Kawali, tempat dipusarakeunana lebu Prabu Lingggabuana nu gugur di Bubat Majapahit. Benteng dayeuh Kawali tacan kapaluruh.
Batu Lingga di Astana Gede Kawali, tempat dipusarakeunana lebu Prabu Lingggabuana nu gugur di Bubat Majapahit. Benteng dayeuh Kawali tacan kapaluruh. /Nanang S/Galura

 

GALURA.CO.ID -Di mana pernahna parigi benteng puseur dayeuh Karajaan Galuh-Sunda nu dijieun ku Prabu Niskala Wastu Kancana?  Tepi ka ayeuna tacan kapanggih, lantaran panalungtikeun sejarah jeung arkeologi di Kawali ukur museur di Kompleks Astana Gede. Tacan di luar Astana Gede. Padahal anu ngaranna puseur karajaan pasti lega

Anu disebut benteng dayeuh, tangtu wae lain benteng karaton.  Ku kituna parigina teh lain ngurilingan karaton, tapi ngurilingan dayeuh. Dina maluruh di mana ayana benteng oge  kudu make cecekalan ngaran-ngaran tempat atawa ayana patilasan nu bisa dicirikeun tadina wates dayeuh atawa kompleks karaton.

Marigi nu hartuna nyieun parigi, lain hartina urang Kawali jaman Prabu Nisakala Wastu Kancana ngahagal nyieun parigi, ngali tanah nu jero jeung rubak. Tapi ngamangpaatkeun kaayaan alam. Dayeuh Kawali di lingkung ku pasir-pasir. Ti kulonna dibentengan ku Gunung Sawal nu manjang ti Panjalu tepi ka Cikoneng.

Ti kaler, ti wetan jeung ti kidulna dibentengan ku pasir nu najan teu pati luhur tapi di tutuganana mibanda legok nu manjang nu kabeulah dituna pasir deui. Legokna teh ayeuna dipake sawah, jadi sawahna diapit ku pasir. Ratusan taun ka tukang mah sawah nu manjang teh diduga tadina parigi.

Anu ngarana parigi teh lain susukan biasa, tapi jero jeung lungkawing, sapanjang gawirna careneom, rembet ku kakayon, boh nu baradag boh nu laleutik, jeung rungkun saliara matak pikakeueungeun. Parigina teh aya nu saat aya oge nu caian sarta caina ngalir di tempat anu jero pisan ngajumbleng.***

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah