GALURA.CO.ID - "Cing, ari Dayang Sumbi sareng Sangkuriang urang mana?” ceuk Lutfi Yondri, arkéolog peneliti utama di Badan Riset dan Inovasi Nasional (BRIN), waktu ngadadarkeun perkara sajarah manusa purba Guha Pawon, di lokasi, dina kagiatan ekskursi jelajah budaya “Cerita Citarum” Badan Pelestarian Kebudayaan (BPK) Wilayah IX Jawa Barat, 25 Méi 2024 ka tukang.
“Urang Citatah, Cipatat,” pokna deui ditungtungan ku seuri.
Naon anu ditepikeun ku Lutfi Yondri téh tangtuna heureuy. Enya, heureuy, da Lutfi mah ngan saukur nyambung-nyambungkeun mitos nu jadi catur bukur masarakat di dinya.
Mémang, Guha Pawon nu perenahna aya di Gunung Pawon, Désa Gunung Masigit, Kacamatan Cipatat, Kabupatén Bandung Barat téh, ceuk masarakat di dinya mah aya hubunganana jeung carita Sangkuriang nu hayang ngawin indungna, Dayang Sumbi. Éta téh dibuktikeun ku toponimi (ngaran tempat) Gunung Pawon jeung gunung-gunung di wewengkon karst Citatah, anu deukeut-deukeut kana kajadian dina carita Sangkuriang.
“Utamina dina bagian-bagian ahir carita Sangkuriang, anu aya pakaitna sareng persiapan nikahna Sangkuriang sareng Dayang Sumbi,” ceuk Lutfi Yondri.
Baca Juga: Guha Pawon di Citatah, Pakumuhan Manusa Purba Bandung
Mémang, lian ti Gunung Pawon, di éta wewengkon karst Citatah téh aya Gunung Karangpangantén atawa Pasir Pangantén anu dipercaya ku masarakat minangka tempat papanganténanana Sangkuriang jeung Dayang Sumbi.
Aya deui Gunung Manik minangka tempat panyimpenan manik (perhiasan).