Pilkada dina Uga Gambaran Pamingpin Ideal

- 2 Juli 2024, 17:00 WIB
KOMPLEK Karaton Pajajaran hasil rekayasa Artificial Intelegency (AI). Masarakat Tatar Sunda masih ngarep-ngarep hiji pamingpin nu saperti Prabu Siliwangi, dina hal nyaahna ka rahayat jeung ngamajukeun nagara (poto @ainusantara).
KOMPLEK Karaton Pajajaran hasil rekayasa Artificial Intelegency (AI). Masarakat Tatar Sunda masih ngarep-ngarep hiji pamingpin nu saperti Prabu Siliwangi, dina hal nyaahna ka rahayat jeung ngamajukeun nagara (poto @ainusantara). /

GALURA.CO.ID -Dipedarna deui uga ngeunaan kaayaan nagara babakuna nu aya patalina jeung pilkada nu lumangsung bareng sacara Nasional 27 November 2024, ceuk paraaahli nyirikeun masarakat ngant-nganti pisan kaayaan nu reugeujeug. Sagala beres roes, tingrim, taya pacengkadan, subur makmur, gemah ripah lohjinawi.

Ngandung harti kaayaan nagara tacan ngahontal nu dianti-anti ku sakumna rahayat. Harepan bieu teh teu weleh sirungan deui waktuna pemilihan pamingpin boh di tingkat nasional, regional jeung daerah. Naha ieu sirung harepan ngawujud soal sejen. “Masih keneh boga harepan oge hade, batan apatis,” ceuk hiji mahasiswa.

Balik deui kana soal uga, kiwari wangsit Wangsit Siliwangi dikorehan deui, keur noong iraha waluyana bangsa urang jeung naon tanda-tandana. Atawa nempo iraha datangna pamingpin nu diarep-arep nu mampuh mawa bangsa jeung nagara  dina kaayaan beres-roes. Ti pamingpin nasional tepi ka daerah bener-bener jadi pamingpin.

Jenatna budayawan Sunda nu dumuk di Sukabumi, Anis Jati Sunda, nyebutkeun Aki Uyut Baju Rombeng nu nyusun Pantun Bogor abad ka-19 dina suluk-sulukna geus ngaramalkeun ciri-ciri nu bakal jadi pamingpin di nagara urang. Di nagara urang, dumasar uga tina Pantun Bogor, pamingpin nu diarep-arep teh budak angon.

Ti tatar Galuh Ciamis nu dina 12 Juni 2024 kamari ngareuah-reuah pindahna puseur dayeuh Kabupaten Galuh ti Barunay ka Imbagara  diwanohkeun deui anu disebut uga Kawasen nu ngagambarkeun sual bakal datangna pamingpin sajati nu asli urang Sunda. Bisa pampingpin Kabupaten Ciamis bisa pamingpin Jabar bisa pamingpin Nasional.

Unina uga Kawasen teh kieu:  Ari anu bakal jadi ratu nyaeta nu make baju butut babadong batok, anu jolna ti gunung Surandil, banderana kararas cau. Eta pamingpin teh dipercaya bakal mampuh mawa kaayaan nu apanjang-apunjung, paling henteu di Kabupaten Ciamis, kawas jaman Prabu Niskala Wastukancana.

Jaman Prabu Niskala Waskancana, Karajaan Sunda Galuh nu puseur dayeuhna di Kawali dina kaayaan sakumaha panyileukan sakumna rahayat. Malah mah alam oge kacida bagjana, salila Prabu Niskala Wastukancana jadi pamingpin, teu kajadian musibat alam. Konsep ngertakeun bumi lamba bener-bener dijalankeun.

Masarakat di tatar Galuh Ciamis oge kiwari nganti-nganti deui pipamingpineun nu bisa nuladan jeung nyonto Prabu Niskala Wastukanacana dina ngajalankeun pamarentahan. “Sugan wae engke hasil Pilkada 27 November 2024, pamingpin di Kabupaten Ciamis sakumaha nu dipiharep ku masarakat,” ceuk Andi.

 Ti Tasikmala aya uga Galunggung nu nyebutkeun Sunda bakal nanjung lamun Pulung turun ti Galunggung. Di Bandung kapanggih uga Bandung, unina Sunda bakal nanjung lamun nu pundung ti ti Cikapundung geus balik deui ka Bandung. Uga Bogor ngaramalkeun  Ki Sunda bakal nanjung lamun puseur nagara geus pindah ka kampung Baros (Bogor).

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah