Guha Pawon di Citatah, Pakumuhan Manusa Purba Bandung

- 21 Juni 2024, 05:06 WIB
Guha Pawon di Gunung Pawon, Désa Gunung Masigit, Kacamatan Cipatat, Kabupatén Bandung Barat.  Ceuk arkéolog Lutfi Yondri, peneliti utama di BRIN, Guha Pawon téh gudangna pangaweruh ngeunaan manusa munggaran anu hirup-kumbuh di Bandung.*
Guha Pawon di Gunung Pawon, Désa Gunung Masigit, Kacamatan Cipatat, Kabupatén Bandung Barat. Ceuk arkéolog Lutfi Yondri, peneliti utama di BRIN, Guha Pawon téh gudangna pangaweruh ngeunaan manusa munggaran anu hirup-kumbuh di Bandung.* /ROSYID EA/Glr/

GALURA.CO.ID. - Di kuloneun Kota Bandung, kira-kira 25 kilométer ti puseur kota, aya hiji wewengkon anu tempatna diwengku ku karst (gunung kapur) wungkul, nyaéta Kawasan Karst Citatah.

Éta wewengkon ngawengku Gunung Pawon atawa Pasir Pawon, Gunung/Pasir Masigit, Gunung/Pasir Bancana, Gunung Karangpangantén atawa Pasir Pangantén, Gunung Manik, Pasir Pabéasan, jeung Gunung Hawu.

Dumasar panalungtikan Kelompok Riset Cekungan Bandung (KRCB), aya 32 titik poténsial di éta wewengkon karst, tapi ngan Guha Pawon anu bisa disalametkeun da anu séjénna mah geus ruksak balas dikeduk baé dipake keur panambangan kapur.

Éta Guha Pawon nu kawilang éksotis téh perenahna aya di Gunung Pawon, kaasup réréhan Désa Gunung Masigit, Kacamatan Cipatat, Kabupatén Bandung Barat. Ti 2020, statusna geus ditetepkeun minangka salasahiji situs tina 20 Bangunan Cagar Budaya Kabupatén Bandung Barat.

Ku naon pangna asup kana situs Bangunan Cagar Budaya? 

“Margi ieu guha téh aya hubunganana sareng Gunung Sunda Purba, Dano Bandung Purba, Cekungan Bandung, katut Citarum Purba. Sadayana aya pakuat-pakaitna, ngawangun fase kahirupan sareng peradaban di Tatar Sunda,” ceuk Unggul Prasetyo Wibowo, géolog ti Museum Geologi, Jl. Diponegoro, Kota Bandung, basa ngadadarkeun perkara asal-muasal Citarum, dina kagiatan ekskursi jelajah budaya “Cerita Citarum” Badan Pelestarian Kebudayaan (BPK) Wilayah IX Jawa Barat, 25 Méi 2024 ka tukang.

Baca Juga: Aya Pakaitna jeung Guha Pawon, Dayang Sumbi jeung Sangkuriang Urang Citatah?  

Gudangna Pangaweruh

Sungai Citarum telah melalui berbagai fase kehidupan. Ratusan ribu tahun yang lalu, terjadi peristiwa letusan sebuah gunung purba berjuluk Gunung Sunda. Letusannya begitu kuat sehingga gunung itu pun lenyap dan mengubah bentang alam wilayah di wilayah sekitarnya, termasuk mengubah aliran Sungai Citarum Purba. Bekas kaldera Gunung Sunda menjadi Danau Bandung Purba, sedangkan di timurnya kemudian berkembang Gunung Tangkuban Parahu. Pada masa-masa setelahnya, Danau Bandung Purba secara berangsur terbagi dan menyusut. Debit airnya kemudian menjadi bagian dari aliran Sungai Citarum.”

Kitu anu diterangkeun dina tulisan salasahiji témbok Museum Situs Cagar Budaya Batujaya di Kabupatén Karawang. Éta informasi téh ngécéskeun yén aya hubungan anu kacida raketna antara Walungan Citarum jeung Guha Pawon di Cipatat. Sabab, Guha Pawon téh mangrupa titinggal peradaban kuno.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah