Mangpaat Citarum, Walungan Pangpanjangna di Jawa Barat nu Sungapanana di Cisanti, Baheula jeung Kiwari

- 2 Maret 2023, 10:08 WIB
TNI jeung masarakat keur meresihan sisi situ Cisanti, sungapan Citarum, walungan pangpanjangna di Jawa Barat. Baheula mangpaat Citarum karasa pisan.
TNI jeung masarakat keur meresihan sisi situ Cisanti, sungapan Citarum, walungan pangpanjangna di Jawa Barat. Baheula mangpaat Citarum karasa pisan. /Cecep KS/Galura

GALURA -Citarum walungan pangpanjangna di Jawa Barat nu sungapanna di Cisanti Gunungwayang, Kacamatan Kertasari, Kabupaten Bandung. Bareto mah mangpaat Citarum gede pisan: keur nyaian lahan tatanén jeung miara lauk.

Séké Citarum, salian ti Cisanti, aya tujuh, ngahiji, sarta saterusna ngaliwatan, Kabupaten Bandung, Bandung Barat, Cianjur, Purwakarta, Subang, Karawang, ngamuara di laut Jawa. Ku masarakat di sapanjang aliranana, mangpaat Citarum karasaeun pisan.

Hanjakal pisan Citarum, kajaba di sungapanana di Cisanti, geus kakeumeuhan ku rupa-rupa kokotor, antukna jadi walungan nu pangkotorna saalam dunya. Tongboro dipaké kaperluan rumah tangga dalah nyeueungna ogé geus sareukseuk. Ayeuna mangpaat Citarum geus teu karasa deui.

Baca Juga: Piala Dunia U 20 di Kabupaten Bandung, Lolongkrang Pikeun Ngawanohkeun Potensi Daerah

Kiwari Citarum keur dibersihan, keur dibebenah, ngarah genah ditempona ngeunah diinumna, cohagna malar karasa deui mangpaatna ku balaréa. Nu jadi luluguna papamréntah pusat, malah dijejeran langsung ku Présidén, kalawan ngaubkeun TNI jeung Polri.

Sanajan geus digederkeun ngaliwatan program Citarum Harum, hasilna can pati katara. Masih kénéh jauh kana hérang ngagenclang, ieu téh alatan can nguniang rasa ngapimilik Citarum ti sakumna masarakat.

Tumuwuhna kasadaran masarakat kacida pentingna, babakuna masarakat nu panganjrekanna aya di sabudeureun walungan. Masarakat kudu diaubkeun miara walungan Citarum.

Ceuk Ketua Citarum Institute, Dr. Eki Baihaki, kiwari geus nguniang rasa ngapimilik cai. “Rasa ngapimilik ngandung harti daék ngariksa, sabab ngarawat, ngarumat Citarum lain ukur pamarentah tapi pancen sakumna masarakat,” pokna.

Baca Juga: H. Yanuar Prihatin, M.Si., : Angklung Bisa Jadi Kokojo Pikeun Ngabandang Wisatawan Mancanagara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x