Mangpaat Citarum, Walungan Pangpanjangna di Jawa Barat nu Sungapanana di Cisanti, Baheula jeung Kiwari

- 2 Maret 2023, 10:08 WIB
TNI jeung masarakat keur meresihan sisi situ Cisanti, sungapan Citarum, walungan pangpanjangna di Jawa Barat. Baheula mangpaat Citarum karasa pisan.
TNI jeung masarakat keur meresihan sisi situ Cisanti, sungapan Citarum, walungan pangpanjangna di Jawa Barat. Baheula mangpaat Citarum karasa pisan. /Cecep KS/Galura

Dipiharep tokoh masarakat umajak ka masarakat singkil babarengan ngajaga jeung ngariksa Citarum, sangkan isuk jaganing géto Citarum harum karasa, karampa mangpaatna ku sakumna masarakat.

Eki umajak ka masarakat sangkan babarengan ngajaga jeung ngariksa walungan Citarum. “Ngabebenah walungan Citarum kawas menerkeun benang kusut. Kudu ti mana heula ngamimitian ngomeanna jeung kumaha cara ngomeanna,” ceuk Eki.

Nyarita kitu teh, cenah, lantaran kandelma kompleksitas pasualan anu dijieun ku oknum anu gawéna miceunan kokotor ka Walungan Citarum, lebah dieu kudu aya gawé tancagé, nu sistematis, masif jeung terstruktur.

Ceuk Eki, aya tilu nu jadi tantangan keur ngungkulan masifna pasualan Citarum, diperlukeun parobahan nyoko kana aspek regulasi, struktural jeung kultural sarta program ngabebenah nu komprehensif.

Baca Juga: Syekh Prof Dr Yusri Rusydi Gabr Al-Hasani, Sufi nu Beurat Beunghar Nganjang ka Ponpes Al Mizan

“Ngungkulan Kompleksitas Citarum, urang kudu deukeut jeung masarakat, boga pola jeung strategi nu anyar ,” pokna.

Salasahijina ngagunakeun budaya pamarekan sectoral. Ku pamarekan top down nu dilaksanakeun saklila ieu teu mawa hasil. “Ngungkulan pasualan Citarum, kudu ngagunakeun kajian akademik, lain politik,” pokna.*** Cecep Ks

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x