Syekh Prof Dr Yusri Rusydi Gabr Al-Hasani, Sufi nu Beurat Beunghar Nganjang ka Ponpes Al Mizan

- 28 Februari 2023, 20:52 WIB
Syekh Prof Dr Yusri Rusydi Gabr Al-Hasani ti Mesir, Saptu (25/02/2023), nganjang ka Ponpes Al Mizan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka.
Syekh Prof Dr Yusri Rusydi Gabr Al-Hasani ti Mesir, Saptu (25/02/2023), nganjang ka Ponpes Al Mizan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka. /Ayan R Sambara/Galura

GALURA -Ponpes Al-Mizan Jatiwangi, Majalengka, dianjangan ku Syekh Prof Dr Yusri Rusydi Gabr Al-Hasani ti Mesir, Saptu (25/02/2023). Nganjangna ieu tokoh Syech Al Azhar Mesir nu oge Thoriqoh Yusriyyah Shiddiqiyyah Syadziliyyah Mesir dipapag langsung ku pangasuh Ponpes Al Mizan KH Maman Imanulhaq.

"Kawilang barokah sareng panghormatan nu ageung kangge kulawargi ageung Ponpes Al Mizan Jatiwangi didongkapan ku Syekh Prof Dr Yusri Rusydi nu mibanda pangaruh ageung nu jumlah jamaahna kawilang ageung di alam dunya," ceuk KH Maman Imanulhaq.

Euyeub papagon nu ditepikeun Syekh Prof Dr Yusri Rusydi hususna ka sakumna guru katut santri Ponpes Al Mizan di hiji majelis nu digelar di padumukan KH Maman Imanulhaq.

Baca Juga: Desa Budaya Desa Nunuk Baru, Desa Anyar tapi Heubeul di Kabupaten Majalengka

Syekh Prof Dr Yusri Rusydi nyebutkeun ngatik umat di zaman kiwari teh tugas nu kawilang agung, ganjaranana mibanda darajat nu luhung: hiji kamulyaan nu taya tandingna .

"Saurang guru masihan atikan elmu agamana nyaeta ku niatan masihan papagon, nu mana saur Baginda Rasululloh SAW, agama teh papagon, di antawisna buktos nasehat teh maparinan papagon ka murid-murid," kitu ceuk Syekh Prof Dr Yusri Rusydi.

Syekh Prof Dr Yusri Rusydi mapatah ka sakumna santri Ponpes Al Mizan pikeun ngajaga ahlak. Ieu guru besar ahli bedah teh ngingetan deui ulah nepi ka urang tigebrus miluan fitnah dajjal: manusa nu hayang nyumponan kahayangna teu paduli halal haramna.

Islam, ceuk Syekh Prof Dr Yusri Rusydi, teu nyaram umatna hayang beunghar. Umat Islam hayang jadi jelema nu nanjung, tarekahna ngumpulkeun harta kudu saluyu jeung syariat.

Baca Juga: Layang Salaka Domas ti Jagat Jabaning Langit

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x